Minggu, 13 Maret 2011

Serial Jaka Lodaya: Kaadilan di Jamparing

Treup, lir papatong manehna entruep na suhunan imah. Enteng, tanpa sora sama sakali, pertanda elmu silatna nu geus sampurna. Jaka Lodaya ngadepong ngintip kajero imah.
Breh pemandangan nu matak metot jajantung. Tilu awak bulucun, hiji lalaki dua awewe. Sarua kalebuh dina birahi.
“Kuwu atah adol,” Jaka kekerot. Lalaki nu keur kalelep ku birahi teh memang Kuwu Sasmita, jalma paling kawasa di Desa Jamparing. Jalmana telenges taya papadanan. Warga nu baha kana kahayangna pasti nandang siksaan. Malah kadang-kadang kapanggih geus ngababatang.
Taya nu wani ngalawan kuwu Sasmita. Ma’lum manehna boga pangawal-pangawal gangas nu jumlahna loba.
Tapi Jaka Lodaya teu gimir. Keur satria ti Pasir Kaliki ieu pangawal-pangawal kuwu teh ukur jadi kaulinan. Tadi basa nyulundup rerencepan, tila pangawal ngajoprak ukur dina sababaraha gerakan.
Jaka oge ngarasa taya susahna keur nyabut nyawa kuwu Sasmita. Tapi manehna asa-asa. Ieu kuwu atah adol teh boga deking kuat di kawadanaan. Wakil wadana teh masih mamangna. Jadi lamun Sasmita kapanggih tiwas sacara misterius, pasti rakyat bakal jadi korban wakil wadana anu meupeskeuyang.
“Jalan paling pas maksa supaya ki kuwu kapok nindes rakyat,” gerentes Jaka. Tapi kumaha carana?
Di jero kayaan beuki panas. Ki kuwu diuk dina sisi ranjang. Dina lahunanan diuk salah saurang awewe, nyanghareup adek kana awak ki kuwu. Awak si awewe anu karek umur lilikuran teh terus naek turun dina wirahma anu beuki lila beuki cepet. Ki kuwu tempong peureum beunta nahan kanikmat. Leungeuna kencana ngaramesan birit si awewe, ari leungeun katuhu ngaramegan buah dada awewe sejenna, anu nantung hareupeunana. Sora-sora pinuh birahi patembalan.
Sasmita gogodeg. “Manusa-manusa edan. Teu boga moral,” batinna. Lalaunan manehna mukaan genteng sapas awakna. Gulantung, gulantung, manehna abus ka imah. Treup, dina lante papan.
Nu keur ocon tembong reuwas. Ki Kuwu langsung hudang, nepi ka awewe na lahunan kabanting kana lante.
“Saha andika?” Ki kuwu ngagentak. Sorana berwibawa.
Jaka sueri ipis. Manehna nyabut bedog, langsung disampaykeun kana beuheung ki kuwu. “Aing raja aherat anu rek nagih nyawa andika,” pokna. Sorana laun tapi pinuh ancaman. Ki kuwu langsung pias. Dua awewe nu tadi sempet kabur pangacian rame ting jarerit.
“Cicing. Tong nyoara,” Jaka nyentak. Dua awewe bulucun teh kaget, langsung nutup baham ku leungeun. Beungetuna sarua pias.
“An..an..andika saha?” Ki kuwu ngawani-wanikeun karep nanya.
Jaka seuri, sinis. “Ajal andika,” pokna. Seuseukeut bedog masih nempel na beuheung ki kuwu. “Aing ngahaja datang ti tempat jauh kuer neukteuk beuheung pejabat tukang nindes rakyat. Ayeuna geus datang mangsana anjeun nyusul puluhan korban anjeun nu gues perlaya tanpa dosa.”
Ki kuwu beuki pias. Dua awewe anu ayeuna geus pada andeprok kadenge ceurik. Tapi tetep teu wani tarik.
“Aing oge apal anjeun teh pejabat tukang ngarebut pamajikan batur. Tukang ngagadabh parawan tanpa daya. Ayeuna balesanana geus datang,” ceuk Jaka Lodaya deui. Sakedapan manehna neuteup ki kuwu anu jiga geus teu nyawaan. Kalalakiannan geus ti tadi pareum, ngulumbruk lir anduk butut.
“Ampun, ampun, ampun, juragan,” Ki kuwu langsung ngudupruk, sujud di hareupeun Jaka.
Satria Pasir Kaliki teh ukur gogodeg. Dina kaayaan kitu Ki Kuwu teh sama sakali teu tembong kakejemanana. Justru matak pikarunyaeun. Tapi Jaka apal, jalma siga ieu mah pinter lolondokan. Di hareupeun nu kuat ngarendahkeun diri bener-bener tapi begitu nyanghareupan rakyat langsung obah jadi monster penindas nu teu boga rasa perikamanusiaan.
“Hudang!” Jaka nyentak. Ki Kuwu tetep ngusruk.
“Hudang!” sentak Jaka deui. Ayeuna mah bari nyampaykeun bedog dina punduk ki Kuwu. Tetela ampuh. Ki Kuwu hudang bari tetep ampun-ampunan.
Jaka jadi sebel. Bedogna langsung maen. Sret, sret, sret, sret. Opat garis langsung ngahias pipi Ki Kuwu. Penguasa desa teh langsung ngoceak bari nutupuan dua pipina nu pinuh ku getih.
“Tah eta peringatan keur tingkah anjeun nu sok meres jeung nyiksa rakyat.”
Bedog Jaka rikat beraksi deui. Sret. Ki Kuwu ngajerit maratan langit bari nyekelan kalalakianana nu tinggal sapotong. “Tah eta keur dosa anjeun anu sok resep merkosa.”
Ki kuwu ngudupruk. Terus gogoleran bari adug-lajer guyang guyang dina getih sorangan. Dua awewe bulucun milu ting jalerit.
Ti luar kamar kadenge sora para pangawal datang. Jaka ngejat. Jleng, gulayun-gulayun, kaluar deui kana suhunan.
Manehna terus nyingkah ninggalkeun eta tempat. Isukan, duka durjana mana anu bakal meunang pelajaran ti satria itu.(hanca)
1 Februari 2008

Tidak ada komentar:

Posting Komentar