Minggu, 13 Maret 2011

Peuting Nu Pang Endahna

Basa kuring blak-blakan rek ngadua, manehna siga nu shock. Tapi teu lila, ngan ukur dua poe kita na teh.
Tadi basa kuring datang ti kantor, paromana geus tembong bengras deui. Manehna malah ngaladenan kuring dahar bari sabar pisan. Bener-bener ngaladenan da manehna mah teu ieuh dahar. Ngan ukur mang nyiukeun sangu jang kuring terus nempokeun kuring ngahuap. Beungeutna bener-bener taya semu ceudeum ku kakeuheul.
Basa peutingna kukuring ditalek, manehna tembong leah pisan. “Upami hal eta tiasa ngabahagiakeun akang mah, mangga bae enung rela,” pokna.
Kuring sakedapan ngabetem. Teu puguh rasa. Asana mending nempo manehna ambek dari pada pasrah siga kitu mah. Ka kuringna jadi asa dosa pisan.
Ras inget kana kasatiaan manehna, kana kacinta manehna salila ieu. Tapi ah, kahayang kuring keur boga anak oge teu eleh gedena. Sabenerna mun manehna teu gabug mah bakal bagja pisan rumah tangga teh.
Kuring geus aya tujuh taun ngahiji jeung manehna teh. Taya pacengkadan da memang didasaran ku cinta. Hanjakal buah ati nu dianti-anti teh teu embol-embol. Dua taun katukang, basa dipariksa ka dokter, karek kapanggih yen manehna memang pare hapa. Moal bisa boga anak.
Nya ti sabot harita kuring jadi kaleungitan sumanget hirup. Komo mun nempo batur jalan-jalan bari mawa budak mah asa diturihan hate teh. Kabita pisan. Nyeri kacida karasana lantaran sadar kuring jeung manehna moal pernah bisa ngalaman ngiringkeun si buah hate.
Genep bulan katukang prok kuring jeung randa ngora. Sapopoena muka warung sangu deukeut kantor kuring. Manehan karek sataun ditinggalkeun kabur ku salakina. Berjuang ngahirupan anakna nu karek umur 3 taun ku ladang muka warung.
Jadi bahan paguneman babaturan nyi randa teh. Babaturan lalaki tangtuna ge. Maklum umurna memang masih ngora, masih lilikuran. Tur awakna moleh pisan.
“Daek mun kudu nalak pamajikan ge kuring mah,” Cek Si Oman hiji poe.
“Ah embung ari kudu pegat mah. Mun menehna daek dicandung mah hayu we. Kajeun mun unggal gawe kudu lembur oge,” tempas Mang Uleh.Ger pada saleuseurian.
Tapi da wani ditukang wungkul kabeh oge. Paling di hareupeun jinisna mah kabeh ge ngan wani sindir sampir wungkul. Ari nyi randa biasana ngan ukur ngarespon ku komentar pondok atawa ku seuri letik. Pinter mawa karep menahna teh.
Kuring oge mimitina mah siga maranehna. Ukur wani nyindir-nyindir. Eh manehna bet ngalayanan. Antukna hubungan teh beuki jero. Dua bulan katukang manehna serah bongkokan, nyerahkeun jiwa ragana ka kuring. Di warungna, basa kuring kuring lekasan lembur, aya napsu nu ngahiji. Aya asmara nu ka sambung. Basa kukuring ditanya daek dimadu atawa henteu manehna bet teu kabeuratan.
“Etah akang kalah ngalamun. Tah entehna kaburu tiis.”
Kuring ngarenjag. Enung tembong keur ngawaskeun kuring bari imut. Kuring kaeraan. Gap kana cangkir teh, regot diinum. Enya we geus tiis.
“Bade dihaneutan deui atuh?” Enung surti pisan. Kuring gideug.
“Atanapi akangna nu hoyong dihaneutan ku enung?”
Hah? Kuring olohok. Asa teu percaya kana dedengean. Enung nu biasa ngan bisa ngadagoan inisiatif kuring bet ujug-ujug muka jalan ti heula.
“Aih, kapan enung inggis kaleungitan akang,” pokna semu nu ngarti kana kaheran kuring. “Meureun upami enungna langkung enya-enya ngalayanan engkang mah, engka engkangna moal lali ngalongokan ka dieu.”
Kuring tambah teu percaya. Ah, kahirupan memang loba ngandung pengkolan anu matak helok.
Nempo kuring cicing bae teh, Enung ngadeukeutan. Gek gigireun kuring. Terus awakna ngalendotan.
Ucing disantingan daging atuh pasti we langsung ngarontok. Nya kuring oge kitu. Napsu lansung kahudang. Awakna ditangkeup, terus digalentoran. Sabenerna pinter pisan ngurus awak enung mah. Sampurna, taya barobahna najan geus tujuh taun babarengan.
Basa napsu beuki nyedek, regeyeng manehna kukuring dibopong ka kamar. Masa-masa pengantenan beheula bet kaalaman deui. Hubungan paling endah ngajanggelek peuting eta. Enung lain ngan ukur pasrah, tapi bisa ngalayanan lemah lembut pisan. Kuring asa naek ka langit katujuh. Ka surga nu pang endahna.
Basa pesta lekasan, kuring langsung bisa sare bari hate bungangang. Tapi teu lila, karasa aya nu ngaguyah-guyah awak.
“Aya naon, Nung?” Kuring heran basa nempo manehna geus rapih dibaju deui. Panonna tembong semu beureum siga tas ceurik. Tapi manehna imut manis pisan.
“Kang sarengan Enung ngeteh heula,” pokna bari sor ngasongkeun cangkir. Kuring diuk terus nampanan nu diasongkeun.
“Kanggo kaendahan cinta urang,” pokna baru ngangkat cangkir. Kuring nurutan ngacungkeun cangkir. Terus babarengan ngaregot eusina.
“Sing seep kang ambeh badanna seger,” pokna basa nempo cangkir kuring masih eusi satengah. Kuring nurut. Manehna oge tembong ngerepkeun eusi cangkirna.
Begitu eusi cangkir kosong. Manehna langsung nubruk awak kuring. Kaget liwat saking. Cangkir nu dicekel ku kuring jeung manehna pasolengkrah kaman-mana.
“Aya naon, Nung?”
Manehna kalah ngagauk ceurik baru nangkeup awak kuring. “Hapunten abdi kang. Abdi teu tega kaleungitan cinta engkang. Langkung hade urang perlaya babrengan,” pokna bari ngaguk-guk kana dada.
“Eh, naon maksa Enung?” Beungeutna ku kuring dicengkatkeun. Tembong banjir ku cimata.
“cai teh tadi ku enung tos dipasihan racun,” pokna. “Hayu Kang, urang hijikeun cinta urang nepi ka akhir.” Manehna terus ngusrukkeun duei beungeutn kana dada kuring.
Kuring kaget. Racun? Beuku kaget basa beuteung karasa asa motah. Murilit lir diturihan. Karasa Enung nangkeup kuring beuki pageuh. Lalaunan dunya asa moekan.(*)
25 Februari 2008

Tidak ada komentar:

Posting Komentar