Mindeng mikir sorangan: di luhur ranjang, aya bedana teu tingkah awewe biasa jeung awewe nu terkenal tukang mikir atawa ilmuwan? Enya pangpangna mah sok panasaran kumaha sabenerna relasi hubungan salaki-pamajikan awewe nu jadi aktivis pembela hak-hak perempuan. Boa-boa manehna nu justru dominan ngawasa salakina basa ngalakukeun hubungan.
"Hayoh kalah ngalamun." Kuring ngagebeg. Di gigireun, Tini nyerengeh. Manhena nu tadi nepak teh.
Pikiran kuring sigana kalah mabur kamana-mana sabot nyaksian Bu Titin mere presentasi teh. Nya, pamikiran soal sifat seksual para ilmuwan awewe teh ngurunyung datang lantaran kuring nempo Bu Titin.
Manehna geus kawentar sabagey aktivis pembela hak kaum wanita. Masih ngora. Remen ditanggap media lantaran geulis tur pamikiranan anu nyongcolang. Kantor kuring oge, basa ngayakeun seminat nyambut hari Kartini teh langsung we milih manehna sebagai salah saurang pembicara.
"Asik nya mun gaduh istri sigan manehna."
Kuring deui-deui ngaranjug. Tini nyerengeh ka lebah kuring. Gura-giru kuring ngabalieur. Asa karagok rek nyikepan komentarna teh.
Kuring jeung Tini teh batur sakantor. Rada akrab di pernah jadi batur sabagian. Sanajan ayeuna manehna geus pindah ka bagean lain, tapi masih mindeng ngadatangan meja kuring. Lila-lila kuring oge sadar, sigana manehna aya hate ka kuring.
Lain, geer, da babaturan oge loba nu nyangka kitu. Tapi, ah, kuring milih api lain. Terus terang tangtungan manehana teu ngadatangkeun geter dina hate kuring. Sanajan manis, Tini teh rada gendut. Lain tipe kuring.
Rumasa rada egois jeung deet sebagai lalaki teh. Ukuran nu dipake keur neangan pasangan teh masih keneh sabates fisik. Mun geus nempo fisikna geus teu cop teh, tara ieuh kadorong ngalakukeun lengkah lanjutan. Contona ka Tini. Sanajan karasa perhatianana ka kuring teh taya cacatna, tapi da hate teh tetep teu leah.
Hati kuring teh leuwih sering kairut ke wanoja geulis. Teu hese ngajalin hubungan teh da pangawakan kuring oge teu nguciwakeun. Malah loba nu nyebut kasep. Tapi kuring oge boga sipat goreng sejen: bosenan.
Pangna oge hubungan teh taya nu bertahan lama. Kuring lir tawon nu luncat tina hiji kembang ka kembang sejenna. Sangges nyesep maduna, terus we ngaleos.
"Tapi moal cocok Kang Andi sareng manehna mah." Tini komentar deui. Tapi taya seuri dina paromanna.
"Naha? Cocokna sareng nu kumaha kitu?"
"Sareng wanita nu teu gaduh hate. Nu pohoan."
"Har?"
"Muhun jadi gampil poho mun tos dinyenyeri."
"Eum meni kita..." Tini ngabalieus. Hate kuring rumasa rada kasigeung ku omongan manhena.
"Dupi Tini wanita sapertos kitu sanes?"
"Nya sanes atuh...," manehna ngadilak terus camberut.
"O...manawi teh...," kuring ngahaja ngaheureuykeun.
Manehna malieus deui.
Kuring nyrengeh sorangn. Tapi jeroeun hati mah aya nur kahudang. Rasa rempan: boa Tini eh bener, sikep kuring salila ieu ngalantarankeun kuring jauh jodo. Padahal ema mah ampir unggal papanggih nanyakeun soal iraha rumah tangga.(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar