Manehna imut bari ngasongkeun leungeun. “Tiara Lestari,” pokna.
Kuring olohok. Maenya? Tiara Lestari anu terkenal tea? Siga nu surti manena unggeuk. Leungeuna masih ngasong. Kuring sadar, bari rada kapiasem gancang leungeuna teh ditampanan. Karasa haneut basa tapak leungeun patarema. Tapi leuwih haneut deui dina jero dada kuring. Meureun perbawa sikap manehna anu kacida someahna.
“Pa Handoko tos nelepon ngawartosan kan?” tanyana. Kuring gura-giru unggeuk. Oh, jadi manehna nyah anu dijangjikeun ke Pa Handoko teh. Paingan atuh basa telepon teh make sababaraha kali nyebut jempolan.
Sidik memang Jempolan. Tiara Lestari tea. Kuring akrab pisan jeung tangtunganan. Kapan geus mangpuluhkali ku kuring disidik-sidik. Mindengn pisan fotona dina internet teh dibuka. Apal pisan kana liku-liku awakna, nepi ka jero-serona. Enya kapan manehna teh perna jadi model dina
majalah dewasa di luar negri.
Mun ayeuna peureum oge bakal sagalan bakal atra kabayang dina wangwangan kuring. Kulitna nu hideung santen. Dina foto teh tembong beresih tur ngagurilap katojo sinar. Awakna, nu bulucun tangtu bae, lir janggelek karya seni. Irungna mancung. Kitu duei dadana. Ah, mun neuteup gambarna, pasti aya hawa nu nguniang jeroeun dada.
“Geuning kalah ngalamun.” Deg. Manehna keur imut bari neuteup kuring. Leengeuna noel. Kuring karek sadar. Salaman teh can dileupaskeun. Gura-giru kuring narik leungeun.
“Mangga atuh ka labet,” kuring ngajak. Manehna unggeuk baru ngalengkah nuturkeun.
Sanggeus ruratreret nempoan eusi ruangan manehna malik ka kuring.
“Tiasa dikawitan?” Hah? Aduh, tetela kuring deui-deui ngalamun.
“Kumaha?”
“Tiada dikawitan?”
Kuring gancang unggeuk. Manehna terus muka kimono. Di jerona taya deui hahalang najan salembar. Breh, awak nu mindeng jadi implengan teh ngajanggelek hareupeun kuring. Sampurna, teu beda tinda fotona.
Rada ngadegdeg basa leungeun mimiti pancen gawe teh. Usap ka kenca, usap ka katuhu. Terus ka luhur, ka handap, bulak-balik.
Manehna tembong husu diuk dina korsi. Posena estu matak ratug jajantung. Biwirna ngabelenyeh basa nempo kuring sababaraha kali menerkuen calana nu ujug-ujug karasa jadi sereg. Ah, paduli teuing. Leungeun kuring terus beraksi. terus, terus,terus. Ahirna tembong hasilna. Lukisan manehna taram-taram geus ngabentuk.(*)

14 Maret 2008
Tidak ada komentar:
Posting Komentar