Minggu, 13 Maret 2011

Hirup Teh Teuing Ku Endah

Hirup teh aya ku genah. Senang, henang-hening. Geus leuwih sataun kuring luntang-lantung. Ukur nulis jeung ngajurungkeun
keresep. Kalan-kalan nguseup, kadang-kadang jalan-jalanan nyuksuk padesaan.
Teu ieuh bingung ku kabutuh dapur. Dua buku karya kuring nu jadi best seller bener-bener jadi berkah. “Roman Nyai Pohaci” nepi ka kiwari geus cetak ulang 5 kali. Buka kadua, “Asmara dina galindeng tembang” malah leuwih sip: geus 8 kali cetak ulang. Unggal bulan kuring tinggal namprak narima royaltina.
Eta dua buku dina basa sunda oge geus ngajawulkeun ngaran kuring. Penerbit
teh ayeuna mah parebut menta naskah. Majalah jeung koran basa sunda oge teu eureun menta tulisan. Televisi basa sunda oge terus menta naskah drama. Kuring nya tangtu bae tambah ma’mur. Kipas-kipas. Nikmat pisan.. komo mun geus diuk bari nyerebungkeun roko siga kieu mah.
“Hayoh akang ngalamun bae.”
Gebeg. Tembong Heni diuk na ranjang. Awakna bulucun, ukur katutupan ku simbut anu geus teu puguh posisina. Kuniang manehna hudang, hayoh ngalendotan kuring nu keur diuk dana korsi.
“Ngalamun naon si kang?”
“Ngalamun kahirupan.”
“Yey, kahirupan dipikiran. Mending dini’mati,” pokna bari pegeuh nangkeup. Teu kaampeuh napsu kuring teh kahudang deui. Padahal kareak satengah jam katukang kuring jeung manehna ngabedahkeun katresna.
“Hayu Kang, dina kasur,” pokna, semu haroshos.
Coba etah, nikmat pisan lin? Heni teh jadi bukti sampurnana kahirupan kuring. Umurna karek 23. Kungsi jadi penari jaipong, tapi langsung pangsiun basa jadian jeung kuring. Karek genep bulan pruk ngahiji teh. Manehna estu wanoja simpel. Asal duit bulanan beres, tara ieuh make barang tanya urusan lain-lain. Pokona mun kuring keur amprok jeung manehna waktu teh bener-bener dimaksimalkeun keur nyesep madu asamara.
Basa kuring ninggalkeun kontrakan Heni, posel teh disada. Langsung diangkat.
“Pa, nuju dimana?” Pamajikan ternyata. Lain, lain Heni, tapi pamajikan kuring nu asli. Sumi. Manehna nu kaiket tali rumah tangga jeung kuring tujuh taun terakhir.
“Nuju di jalan, Mah. bade uih,” tembal teh. “Hoyong dioleh-olehan martabak, teu?”
Manehna ngaenyakeun. Telepon ditutup. Tapi langsung kadenge aya pesen anyar asup. Gancang dibaca. “Diantos di bumi. Si Om nuju ka Jakarta. Sono pisan yeuh.”
Ti Mayang geuning. Beu penyanyi petingan kuring teh ngajak papanggih. Geus dua minggu kuring teu amprok jeung manehna. Maklum Si Om anu ngampihan manehna terus ulukutek bae di imahna. Cenah proyekna di Jakarta keur sepi.
Gancang kuring mencet nomor imah. “Mah, punteng apa teu jadi uih. Bieu aaya telepon ti penerbit. Sigana rek mesen naskah. Engke wengi lah martabakna dipangmeserkeun.”
Beres. Dius we kuring ka beh wetan, muru ka pangkuan Mayang, penyanyi pub anu bahenol nerkom. Leuh asa sono pisan ka si eneng teh. Kacipta mun tas gulung teh kuring sok ditangkeup ku manehna bari dihariringan, siga budah nu keur dipepende indungna. Aduh-aduh, aya ku endah jeung ni’mat pisan hirup teh.
“Akang, akang!”
Kuring kaget. Luncat, ampir labuh. “Akang ngimpi naon etah? Sare na korsi baru terus seura-seuri bae.”
Hah, ngimpi? Kuring gigisik. Di hareupeun tembong Sumi, pamajikan kuring, mencrong pinuh ku kaheran. “Cenah rek ngarang? Naha kalah ngaguher kerek?”
Kuring garo-garo teu ateul. Jadol teh. Hirup nu ni’mat teh ukur dina impian geuning. Dina kanyataan mah kuring teh tetep we pangarang miskin anu salawasna bingung neangan inspirasi. Jadol!(*)
26 Februari 2008

Tidak ada komentar:

Posting Komentar