Isukan pangantenan, tapi si akang bet teu sabar.
“Hoyong persekot heula ah,” pokna.
Kuring jebi. “Ta usah ya….”
“Alah enjing oge kan moal jang saha.”
“Memang leres, pangna ge sing sabar.”
“Ah, teu kuat…,” pokna bari terus nyentok leungeun. Bluk kuring kana lahunanan. Terus awak kuring ditangkeup pageuh pisan, teu bisa leupas najan satekah polah kuring berontak.
“Meungpeung keur sepi,” si akang ngucap bari haroshos. Memang harita teh kayaan di imah si mamang keur sepi. Mamang jeung Bibi araya di imah ema, mantuan nyiapkeun acara isukan. Ari kuring tadi teh tas nganteurkeun undangan ti babaturan. Cape ngeleyeng kapikir mun langsung mulang pasti teu bisa istirahat. Pangnage ngajak si akang nyimbang ke imah si mamang. Najan dikonci tapi kuring apal tempat konci disumputkeun.
“Ulah atah kang,” kuring satekahpolah ngejat. Tapi teu bisa. Tangkeupan si akang tambah rosa. Malah manehna ngagulingkeun kuring kana korsi. Terus awak kuring ditindihan.
Sanajan mimitina mah nyoba ngalawan, tapi basa biwir si akang ngaranggeum biwir kuring, antukna kuring teu walakaya. Serah bongkokan. Si akang beuki ilang kendali. Leungeuna ngotektak kamana-mana. Rameg diditu, usap didieu. Kuring asa murigrig saawak-awak.
Basa biwir si akang turun, nyucupan kulit beuheung, kuring lir sarah palid. Leungeun teh nangkeup awak si akang sataker tanaga. Teu hayang leupas, komo deui barontak.
Basa leungeun si akang ngulinkeun kancing baju, kuring ukur peureum. Basa kancing teh hiji-hiji diuculan, kuring kalah rikat mantuan. Rikat oge males ngudaran kancing si akang.
Basa awak nu geus pada biligir ngahiji, kuring geus teu inget kana nanaon. Ngan aya sensasi nu endah, lir ancrub kana sagara kanikmatan.
Memang aya rasa hanjakal nu sumeleket basa sagalana rengse. Sigana bakal leuwih endah lamun hal tadi dilakukeun isukan di malem pangantenan. Lewih sampurna.
Tapi ah, rasa eta ngan muncul saliwatan. Ayeuna atawa isukan, nu penting cinta teh geus ngahiji.
Isukna, poe nu dianti-anti teh datang. Kuring geus dirias bebeakan. Jam 10.00 jadwal dirahpalan. Tapi satengah jam saencan acara rombongan si akang teu embol-embol. Kuring mimiti hariwang. Menit-menit penantian karasa pinuh siksaan. Kuring gulinggasahan.
Basa jam 10.00 kaliwatan, datang utusan mawa beja yen rombongan si akang kacilakaan. Si akangna perlaya saharita.
Kuring ngajerit maratan langit. Langit asa tungkeb. Poek, poek, poek. Samagaha jeroeun dada.(*)
4 Februari 2008

Tidak ada komentar:
Posting Komentar