Minggu, 13 Maret 2011

Mending Ditulis Tangan

Kang Apud teh juru ketik di kantor Dikbud. Ari istrina sok nyiar tambahan balanja tina wawarungan di hareupeun imah. Najan geus boga budak dua, umur 5 taun jeung 3 taun, tapi duanana tembong pada geuguet bae.Malah maranehna boga isyarat khusus upama rek boga hajat teh. Supaya teu kabaca ku barudak, cek Kang Apud. Eta isyarat teh hiji poe dugunakan. Harita teh ba’da magrib. Kang Apud gogoleran dina korsi bari nongton TV. Ari istrina sibuk ngaladenan nu balanja. Acara TV teh pinuh ku sinetron. Kang Apud terus mindah-mindah chenal, neangan acara nu alus. Tapi berekah teu manggih nu cocok. Antukna remor teh dipanteng dina salah sahiji stasiun tv anu keur nyiarkeun lagu-lagu. Pas nu duputer teh lagu barat. Lagu hip hop cek barudak jaman kiwari mah. Nu nyanyinya lalaki negro diiringan ku panari latar anu sareksi.
Nempo gutak-gitekna panari latar anu make rok mini teh, Kang Apud ujug-ujug timbul birahi. Waduh-waduh. “Lin, kadieu geura, apa miwarang.” pokna ngageroan anakna nu geder anu keur anteng ngagambar. Lina hudang, ngadeukeutan. “Yeuh pang nyarios keun ka ema. Ema hoyong ngetik kituh. Ema piwarang nyandak pitana ka kamar,” cek kang Apud. Lina ungeuk. Loes we.
Calakan memang anak na teh. Teu lila geus jol deui. “Engka heula saurna pa. Emana nuju sibuk,” pokna. Kang Apud camberut. Perasaannya geus teu ngareunah. Koloying ka kamar. Dug ngedeng, tapi kalah guling gasahan. Los ka kamar mandi. Euluketek lila pisan. Basa kaluar ti kamar mandi, jebul Lina ti warung mamawa bungkusan snack. “Pa saur ema pang mantuan keun nutup warung supados pitana tiasa cepet diangggo,” cenah bari sungut pinuh ka dahereun.
Kang Apud camberut. “Ah telat. Bejakan ke ema, ketikannana geus ditulis tangan,” pokna baru bus deui ka kamar. Basa istrina ngadenge omongan eta ngaliwatan Si Lina, langsung gogodek. “Dasar apa menah mah teu aya kasabar,” pokna bari rada hanjakal.
21 Jan 2008

Tidak ada komentar:

Posting Komentar