Basa kayaan kantor keur simpe, brosur teh ku kuring dibuka. Tadi dibagi-bagi ku budak ngora di jalan nuju ka kantor. Harite teh langsung we dipesakan da tembong narik ati. “Kursus Kamasutra.” Kitu judulna teh.
Basa dibuka, kuring langsung kairut. Kursus teh diayakeun saminggu sakali. Waktuna malem minggu. Biayana memang rada mahal, Rp 1 juta sabulan. Tapi dina brosur teh dijanjiekun nilai tambah: langsung praktek. Teuing naon maksudna.
Lah-lahan nomor dina brosur teh ku kuring ditelepon. Nu narima awewe darehdeh naker. Kuring langsung nalungtik perkara kursus tea. Ternyata cenah memang aya praktek langsung. Tapi tiap peserta teh teu kudu mawa pasangan.
Jadi praktekna jeung saha? Ditanya kitu teh Si eneng nyikikik. Kuring jadi ratug tutunggulan. Lah-lahan sore eta keneh kuring langsung daftar. Transfer lewat ATM mayar biaya kursus teh. Sanggeus bukti pembayaran dibejakan lewat telepon, kuring langsung dibere alamat kursus: pertokoan Caladi di jalan Dadali.
Kursus dimimitian poe sabtu. Bet karasa teu sabar ngadagoan poe munggaran kursus teh. Basa waktuna geus datang, kuring muru tempat kursus. Teu hese neanganan. Ruko leutik tempat kursus teh, diapit ku tempat fitnes jeung salon. Basa kuring asup, wanoja ngora ngabageakeun. Kursus teh di lantey kadua.
Semi privat, ceuk si wanoja teh, lantaran tiap peserta ditempatkeun di kamar sorangan-sorangan. Engke instruktur nu bakal ngadatangan tiap-tiap kamar mere pituduh. Urang India instruktur kursus teh. Pangawakanana jangkung badag, kulitna hideung. Ngarana Kumar Singh.
Sigana pas, yeuh. Kapan kamasutra teh seni bercinta ti India lin. Moal dicaritakeun kumaha basa-basina si juragan Kumar teh. Kapan soal teori-teori mah dina buku jeung video oge loba lin. Satengah jam manehna mere penjelasan panjang lebar soal teori teh. Kuring unggeuk-unggeukan we, ambeh siga bener-bener ngarti.
“Kumaha tos ngartos? Tiasa dilajengkeun kana praktek?” Kang Kumar mungkas penjelasannana soal teori. Kuring gura-giru unggeuk. Tah, ieu bagian anu ku kuring dianti-anti teh. Kumar ngagero dina lebah interkom.
Teu lila aya nu keketrok kana panto. Kuring colohok basa nu keketrok asup teh. Naha teu salah kitu? Ieu kitu layan kuring praktek teh? Beu, bangkok atauh ieu mah. Dreum ketah. Beungetuna manis, tapi awakna sigana leuwih ti 100 kg.
Kumar sigana surti kana kaheran kuring. “Praktek munggaran soal foreplay. Ieu janten ujian kangga bapa. Kumaha cara ngahudang birahi pasangan urang,” pokna.
Kuring garo-garo teu ateul. Naha taya deui nu leuwih langsing kitu? Tapi ah, antukna kuring nurut oge, siap-siap mraktekkeun teori pemanasan nu tadi dijelentrekeun.
Kuring nangtung papahareup jeung eneng gendut tea. Manehna ngagalenyu. Huntuna tembong rada koneng. “Sok mulai. cara ngusapan jeung nyium.” Kumar ngomando.
Si Endut teh ngadeuketan. Sok leungeuna kana dada kuring. Terus ngusapan, lemes kacida. Aduh, kuring langsung ngabirigidig. Memang lebah dada teh jadi titik lemah kuring.
Ari geus kitu mah teu burung lungsur langsar. Kuring ngusapan manehna, manehna ngabales. Kuring nyucup pipina manehna sumerah. Leungeun kuring terus ngatapyak, ngusap kaditu-adieu. Si eneng teh pinter pisan ngalayanana.
Tapi basa adegan beuki panas, Kumar langsung motong. “Cukup, cukup!” Si endut langsung ngajauhan. Terus ninggalkeun kamar bari maledog ku imut.
“Pertemuan pertama tos lekasan. Urang teruskeun minggu payun,” ceuk Kumar. Kuring masih keneh hareugeungeun. Napsu teh keur ngaberung basa tadi dititah eureun.
Memeh ninggalkeun tempat kursus kuring ngaharewos ka Kumar supaya pas praktek lanjutan pasangan kuring diganti kunu leuwih sip. Manehna unggeuk bari ngegelenyu. Kuring mulang bari ngarasa reugreug.
Minggu hareupna, geus taya deui teori. “Langsung praktek,” Kumar ngomong bari imut. Kuring dag-dig-dug. Basa pasangan praktek dibawa ka kamar kuring olohok.
Euleuh-euleun naha siga bentang film geuning. Beunget manis. Kulit sampulur koneng. Awakna oge estu sampurna ngabentuk biola. “Nani,” pokna ngenalkeun maneh bari ngasongkeun leungeun. Kuring gura-giru nampanan.
Sanggeus mere pesen nu kudu dipraktekeun, Kumar terus ninggalkeun kamar. Sakedapan kuring jeung Nani pada ngabetem. Asa rada kagok. Tapi imut manehna terus nyairkeun suasana. “Mangga atuh urang ngawitan,” pokna.
Kuring unggeuk. “Kamari tos diajar carana pemanasan. Sok geura urang praktekeun deui.” Teu cara kamari, ayeuna mah segut pisan kuring teh. Basa manehna ngadeukeutan leungeun kuring langsung gap kana leungeuna.
Praktek dimulai! Jeung lain bag-bagan pemanasan wungkul ni dipraktekeun teh, tapi oge langsung kanu leuwih jauh. Termasuk soal macem-macem posisi salila berhubungan. Basa isukna kuring ngaharewos ka Si Odi, babaturan di kantor, manehna tembong teu percaya. “Ah maenya?” pokna bari kerung. Basa ku kuring dijelentrekeun ti awal nepi ka ahir lalampahan salila kursus, manehna langsung nyoara, “Atuh eta mah teu beda jeung pelacuran terselubung,” pokna.
Kuring langsung nyeuneu dikitukeun teh. Atuh sarua we jeung nyebut kuring lacur ari kitu mah. Terus we kuring teh ngajelaskeun elmu anyar nu ku kuring kapulungan tina kurses tea.
“Alah, percuma apal loba gaya oge ari teu bisa dipraktekeun ka pamajikan mah,” tempas Odi.
Aeh, enya nya. Omongan si bebengok teh terus kapikiran. Peutingna, basa si bungsu geus reres dipepende, kuring noel imbit emana. Manehna tembong surti. “Urang di kamar tukang we, Pa.” pokna.
Biasana kamar tukang teh dipake ku Si Yayah tapi pembantu teh geus dua poe balik. Di kamar tukang, dina cahaya lampu nu remeng-remeng, hasil kursus teh ku kuring dipraktekkeun. Ti mimiti jurus pemanasan nepi ka gonta-ganti posisi.
Tapi ternyata teu sesuai harepan. Basa Rina, pamajikan kuring, dititah ganti posisi manehna nolak bari jejebris. “Ih akang geuning aneh-aneh. Hayoh, diajar ti mana. Ngadon jajan di luar nya?”
Beu nu aya mah napsu kuring teh langsung we alum. Kamar tukang nu tadina pinuh ku harurung kanimat, akhirna malah caah ku amarah. Pamajikan curiga, kuring bebeakan nolak bari ambek.(*)
Januari 2010

Tidak ada komentar:
Posting Komentar