Minggu, 13 Maret 2011

Malem Pangantenan

Mun nyarita soal malem panganten, sok inget ka jaman beheula. Waas.
Sapuluh taun katukang kuring ngalaman malem pangantenan anu unik. Harita
kuring bener-bener masih bau jaringao. Umur karek 17 taun tur hirup di desa.
Jadi sama sakali bolostrong soal hubungan asmara.
Kawin ge teu kahaja harita teh. Lulus ti SMP teu ieuh neruskeun da kolot teu boga biaya. Kuring langsung diajak Mang Karta –emang kuring– jadi laden manehna. Kabeneran bakatna kana ngurut teh tumurun ka kuring. Basa du SD keneh kuring geus bisa memener tulang nu misalah atawa potong. Teu kungsi diajar. Ukur sok nempo si mamang beraksi, terus bisa we kuring teh. Boga bakat alam kuring teh, cek si mamang mah.
Dua taun mantuan Mamang, akhirnya kuring beuki tapis kana memener urat jeung
tulang teh. Lantaran Mamang mimiti sering tik-tik brek, akhirnya kuring jadi
sering jadi andelan.
Urang tunda heula lalakon kuring. Kacaturkeun di kampung tatangga aya kembang
desa anu kawentar kamana-mana. Neng Mimin, putrana Pa Haji juragan sapi.
Umurna 30 taun, tapi geus jadi randa. Salakina nu ti heula diusir ku ramana
lantaran dua taun ngaligeuh.
Terkenal pisan Neng Mimin teh. Beungeut geulis, awak hade. Komo deui ramana
jalma jegud. Atuh puguh jajaka jeung para duda teh paheula-heula ngahelaran.
Ari kuring harita teh teu ieuh milu aub. Maklum umur ge karek 17 taun. Can
mikir-mikir kanu kitu.
Tapi hiji poe, kuring justru panggih jeung manehna. Malah bisa ngobrol lila
lisan. Malah kuring bisa nyekelan pingpingna bebas pisan. hehehe…tapi tong
boga pikiran ngeres heula. Hubungan kuring jeung manehna murni profesional.
Maklum si kembang desa teh harita kaserang salah urat dina lebah congo
pingping. Cenah lantaran labuh di kamar mandi.
Rada bangga ngubaran panyakitna teh. Maklum nyi randa teh tembong serba salah
tur serba kagok mun rek dirancet teh. Era tayohna mah. Ari kuring sih biasa.
Teu ieuh boga pikiran lain-lain. Profesional mun ceuk basa ayeuna mah. Atawa
mungkin perbawa umur nu karek manjing baleg jadi can rada wawuh kana nu
aneh-aneh siga kitu.
Aya kana tujuh kali ngubaran si teteh teh. Kitu kuring ngabasekeun manehna
nyi randangora teh, lantaran umurna nu jauh di luhureun kuring. Sanajan mimitina rada karagok  lila-lila mah jadi lancara sesi pengobatan teh. Malah jadi sering uplek
ngobrol. Sifat kuring nu resep banyol jadi samara keur ngalancarkeun obrolan.
Tapi kuring teu nyangka, perkara ngarancet pingping teh tetela jadi manjang.
Saminggu ti saprak si teteh cageur, kuring digero ku Pa Haji.
Lir dibentar gelap basa Pa Haji tog mol nanya: kuring daek teu jadi salaki Teh Mimin?
Harita teh kuring ukur calangap bari taya sora nu kaluar. Kaget jeung bingung
pagalo jadi hiji. Jadi tujuh kali ngarancet manhena kuring bisa ngirut hate si bentang desa? Asa teu percaya.
“Intina mah Jang, anak Bapa teh menta tanggung jawab bongan geus disasaran pingpingna sababaraha kali,” ceuk Pa Haji bari ngagelenyu.
Kuring garo-garo teu ateul. Tanggung jawab? Har lain kuring mah ukur nulung wungkul. Da hate ge berseih taya dibarung ku napsu. Lamun si tetehna ngarasa lain eta mah atuh salah manehna. Tapi teu ieuh dikedalkeun eusi hate teh.
Kuring akhirna dibere waktu ku pa Haji keur mikir jeung badami jeung kolot. Tapi tetela ema jeung bapa kuring langsung satuju malah nyebut eta teh oge kasempetan emas nu moal tangtu bakal datang deui. Kitu deui Mang Karta satuju pisan mun kuring kawin ka Teh Mimin teh. Ari kuring dipikir-pikir teh teu boga alesan keur nolak.
Jadi singget carita pruk we kuring teh ka Teh Mimin. Hajatna dirarame ku nanggap wayang sagala. teu heran da Pa Haji teh kapan jalma jegudna tur loba banda.
Moal dicaturkeun soal geumpeurna kuring basa dirapalan oge kakaget kawawuh kuring nu langsung diucapkeun basa ngucapkeun salamet bari sasalamen. Urang langsung kana soal malem pangetenan bae.
Harita teh jam kira-kira 11.00 peuting. Kuring jeung si teteh geus dititah bus ka jero kamar. Padahal di luar wayang karek dimimitian.
Di jero kamar kuring asa leuwih geumpeur batan basa dirapalan. Kuring bener-bener teu boga cecekelan naon nu kudu dilakukeun. Dua poe katukang basa nanya ka Mang Karta kalah dijawab bari nyakakak. “Nu kitu mah teu kudu dipapatahan. Alami. Lila-lia ge pasti kapanggih sorangan carana,” pokna. Alami? alami nanahaon. Bukti kuring jadi bingung siga kieu.
“Geuning kalah ngalamun.”
Gebeg. Si teteh nu keur meresihan pupulas beungeut mencrong kuring tina eunteung. Paromana marahmay sanajan tembong gurat kacape nu kawilang atra. Di kitu keun teh kuring beuki samar polah.
Si Teteh cengkat. Beungeutna geus beresih tina wedak jeung lipenstip. Manehna terus ngagoledak kana ranjang. Nempo kuring masih keneh ngajanteng deukeut panto manhena ngagupayan baru nepakan kasur gigireunana. Kaleked kuring ngadeukeutan. Kalacat naek kana ranjang. Dug gigireunana. Awak kuring karasa kacida tegangna. Jantung siga bedug lebaran, dag-dig-dug taya eureuna.
“Naha ngajeten wae? Kunaon? Isin? Piraku ka bojo sorangan isin.”
Kuring teu nembal. Awak ge teu usik. Sakedapan pada ngaheneng. Karsa aya seungit malati campur jeung bau awak si teteh nu minuhan irung. Pikiran kuring asa tambah butek tur pabaliut. Boro-boro bisa ngalucu jiga basa keur ngarance manehna bareto.
“Ayi bendu ka teteh?”
Kuring kaget. Gideug bari ngareret. Manehna keur neuteup ka kuring bari sare nyangigir. Kuring gura-giru malikkeun paneuteup ka lalangit kamar.
“Naha geuning ti tadi bet cicing bae?”
Kuring teu nembal. Ari kitu kedahna kumah? Dina hate wungkul nanya kitu teh, ari baham mah teu wani kedal.
“Ayi teh kapaksa mihukum teteh teh?”
Kuring gura-giru gideug.
“Naha atuh bet siga nu bendu?”
“Ah, henteu,” tembal teh. Karasa sora teh ngageter.
“Upami henteu bendu, na atuh tetehna diantepkeun bae? Kapan itu teh malem pangantenan urang?”
“Ari..ari kitu kedah..kumaha?”
Kareret si teteh teh kerung. “Har, naha teu terang kitu?”
Kuring gideug lalaunan. Karasa beungeut panas.
“Memang teu aya nu masihan terang?” kadenge siga bari nyerengeh nanya kitu teh.
Kuring gideug deui.
“Tong bingung lah. Engke ku teteh dibingbing.”
Kuring ngareret. Nu geulis teh keur imut leleb bari neuteup. Gura-giru kuring miceun deui teuteupan. Aneh, bet asa aya nu ngageter jeroeun dada.
Rada lila simpe. Tapi dina jeroeun dada mah galecrok rame pisan.
“Eu..abdi kedah…kumaha?” Kuring ahirna ngawani-wani karep. Ari panon mah angger nengetan lalangit.
“Emh..kumaha nya? Panginten mimitina mah urang kedah sami-sami muka pakean.”
Kitu na teh si teteh bari cengkat, ngadon diuk. Terus ngalaan kancing kabayana. Kuring gancang nurutan. Tapi leungeun teh karasa ngadegdeg basa mukaan kancing jas. Basa kabaya geus leupas, si teteh terus ngudaran samping. Kuring oge sok ngalaan calana panjang.
Pada-pada ngan ukur make pakean jero kuring terus nuturkeun basa si teteh dud deui kana kasur. Dulag jeroeun dada kuring karasa beuki tambah rosa.
Di pirig ku sora wayang anu terus ngemprung, malem pangantenan teh ahirna laksana. Si teteh ngabingbing kuring salengkah demi salengkah kalayan sabar pisan. Tapi ngan mimitina wungkul mapatahan teh. Basa geus ngalincak nu kadua, komo deui anu saterusna, kuring teh geus langsung bisa sorangan. hehehe.
Malem panganten eta teh moal kapopohokeun. Oge malem pangentenan anu kadua.
Memang kuring teu manjang jeung si teteh teh. Gusti Allah mundut anjeuna lima taun kaliwat. Kaguguran basa ngandung anak kuring anu lila dianti-anti.
Ngan ukur opat bulan nyorangan, Kuring bet ngalaman pangantenan deui. Kuring deui-deui dikumaha ku Pa Haji, mitoha kuring tersayang. Manehna sigana beurat kaleungitan kuring anu geus jadi kapercayaan dina usaha balantik sapi. Nyaah ku hubungan anu geus terbina, pokna basa anjeuna nawaran kuring kawin jeung Neng Titin, adina Si Teteh. Rek nolak oge teu wasa kuring teh. Komo deui da Neng Titin teh teu eleh geulisna ku lanceukna.
Antukna pruk we kuring kawing deui. Pa Haji nanggap wayang deui. Kuring pangantenan deui. Ngan bedana dina malem pangentan anu kadua ieu mah kuring nu jadi pembimbing teh. Ma’lum Neng Titin teh kapan masih keneh ngora pisan, karek 17 taun, persis pisan jeung umur kuring basa pruk ka lanceukan.
Ayeuna gues lima taun kuring ngajiji jeung Titin. Pa Haji geus taya dikieuna, mulang ka kalanggengan tilu taun katukang. Kabeh kakayaanna brug ka anakna hiji-hijina, Nya Neng Titin pisan, anu ayeuna geus maparin kuring tilu budak ka kuring. Hirup kuring ayeuna estu genah merenah.(*)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar