Minggu, 13 Maret 2011

Birahi Wanci Janari

Kuring jeung Mang Juned nyumput tukangeun rungkun awi. Reungit muuk, tapi kuring nguat-nguatkeun maneh. Atuda omongan Mang Juned teh kacida pisan narik atina.
“Mun hayang nongton nu kitu mah tong teuing dina kaset. Mending langsung,” pokna basa kuring nembongkeun vcd porno bajakan nang meuli ti pasar ka manehna.
Nya peuting ieu pisan Mang Juned ngajak ngabuktikeun omonganana. Duaan ngadagoan di pipireun imah anu harieum ku tatangkalan.
“Tong gandeng. Sakeudeung dei oge jebul geura,” pokna basa nempo kuring teu sabar teh.
Bener bae, teu lila tembong rentang-rentang aya nu datang. Di kurudung sarung manehna teh langsung nyalingker ka pipir imah. Terus ngadeukeutan kana jandela. Kuring kerung basa nempo beungeutna ka caangan lampu teh.
“Pa Kuwu?” kuring ngaharewos ka Mang Juned. Manhena unggeuk. Kuring gogodeg. Pa Kuwu ngahelaran pamajikan batur? Ah, asa teu percaya. Kapan karek sabulan katukang manehna kapilih deui. Dina pemilihan manehna sukses ngabeubeut pesaingna, Mang Gunarsa juragan tempe, ku tudingan teu bersih lingkungan lantaran boga pamajikan kadua di kampung tatangga. Kari-kari ayeuna manehna sorangan rerencepan wanci janari ka imah Mang Ulis. Padahal kuring apal Mang Ulis teh keur taya di imah.
“Tong ngalamun jang, tuh tempo,” Mang Juned nepak. Pa Kuwu tembong geus tepi kahareupeun jandela. Sakedapan ngajanteng, mireungkeun suasana di jero tayohna mah. Teu lila manehna keketrok. Tilu kali, jandela teh langsung dibuka. Sidik nu muka teh Bi Ijoh, pamajikan Mang Ulis.Teu kaleked, terekel Pa Kuwu teh naek kana jandela. Blus ka jero, jandela teh langsung ditutup deui.
“Ke dagoan lima menit, karek urang deukeutan,” Mang Juned ngaharewos. Kuring ngaheneng. Masih kaget ku fakta nu karek kapanggih.
“Emang, apal ti iraha?” kuring ahirna nanya.
“Nya geus heubeul. Aya opat bulan mah.”
“Hah? Berarti pas pemilihan geus kajadian?”
Mang Juned unggeuk. Kuring gogodeg. Teu kaharti. Kapan basa kampanye teh Pa Kuwu tapis pisan midatokeun perluna hirup bersih jeung satia ka kulawarga. Manehna gencar pisan nyerang kalakuan Mang Gunarsa anu geus wani nyandung. Teu pantes calon pejabat mere tuladan kitu, ceuk Pa Kuwu harita teh. Kari-kari ayeuna manehna sorangan milampah perbuatan anu leuwih kotor.
“Naha Emang teu wani buka-bukaan?” kuring nanya Mang Juned.
“Ih, keur naon. Pengetahuan teh mahal, Jang. Bisa ngarupa jadi kenteng, usuk. Buktina tuh dapur mamang geus teu bocor deui.”
“Hah? Jadi Mang Juned meres Pa Kuwu?”
“Ah teu rumasa. Emang hiji peuting kungsi nyegat manehna basa kaluar tina jandela. Eh, juragan pejabat teh langsung ngeupeulan gede pisan. Asal emang tutup mulut pokna. Berekah nepi ka ayeuna geus sababaraha kali ngeupeulan. Buktina geus jadi dapur,” Mang Juned nyerengeh. Kuring ngaheneng.
“Geus ah, tong olohok bae. Hayu ari rek nongton pertunjukan panas mah.” Mang Juned nepak taktak. Terus lalaunan ngadeukeutan jandela. Kuring antukna nuturkeun.
Geus apal lelempatan tayohna si emang teh. Buktina manehna langsung muru ka beulah ditueun jandela. Gog nagog, baru ngagupayan kuring. Enya we hareupeun manehna teh aya liang dina bilik anu rada gede.
“Ngahaja meunang nyieun pabeubeurang,” pokna ngaharewos. Kuring gogodeg.
Basa ditoong di jero pa Kuwu tembong keur ngagoler dina ranjang dipencetan ku bi Ijoh.
“Sabaraha dinteng Kang Ulis diutus ka kabupatenna, Pa?” sora Bi Ijoh.
“Dua poe.”
“Ih, si Bapa mah nakal. Ngahaja cari kesempatan,” Bi Ijoh nyikikik baru nyiwit cangkeng pa kuwu. Nu diciwit ngagurubug terus hudang. Ngarantok Bi Ijoh anu terus nyingcet. Bi Ijoh terus lumpat, Pa kuwu gancang milu turun tina ranjang terus ngudag.
“Siga ucing beger,” Mang Juned ngaharewos. Kuring nyerengeh.
Di jero beuki panas. Bi Ijoh ngahindar ngurilingan ranjang, Pa Kuwu terus ngudag bari masang dua leungeunna semu rek nangkeup. Basa bi Ijoh rek naek kana ranjang, cangkengna kacerek manten ku pa Kuwu. Gep ditangkeup pageuh pisah. Bru duanana rubuh. Bi Ijoh nangkuban kana kasur, Pa Kuwu naplok luhureunena. Duanana ting cirihil. Teu inggiseun kadenge ku batur tayohna mah da memang imah Pa Ulis teh anggang ti tatangga.
“Hayu ah uculan,” Pa Kuwu ngomong haroshos.
Bi Ijoh nurut. Hudang, langsung mukaan pakenana. Daster ngalumburuk dina lantey, terus calana jero jeung kutang nyusul.
Kuring nahan napas. Sanajan geus aya umuran, tapi tembong nu bulucun teh masih keneh beuneur.
Pa Kuwu gancang nyusul ngalaan pakenanan. Basa geus bulucun terus ngagolerkeun maneh dina kasur. “Sok ah, siga kamari deui,” pokna.
Bi Ijoh teu kalaked. Kalacat naek dui kana ranjang. Terus ngadon naek kana awak Pa Kuwu. Diuk dina beuteung pa pejabat siga anu naek kuda. Leungeun pa kuwu langsung garamesan lebah dada Bi Ijoh.
Kuring olohok. Awak asa ngadegdeg teu puguh rasa. Mang Juned tembong sababaraha kali menerkeun sarungna.
Di jero kayaan beuki panas. Dua mahluk papuket, silih gemol, silih dedetkeun, silih rames, silih ah..pokona geus hese dicaritakuenanan.
Basa hayam mimiti kongkorongok, kuring diajak Mang Juned nungguan di jalan teu jauh ti imah Mang Ulis. Basa Pa Kuwu kaluar jol tina lebah rungkun kopi. Mang Juned gancang ngadeukeutan.
“Ning sia Juned?” Pa Kuwu akhirna nanya basa geus awas kanu datang. Mang juned ngaheheh.
“Itu saha?” Pa Kuwu nunjuk ka lebah kuring anu tetep nangtung di kajauhan.
“Rerencangan ronda.”
“Hmh, wani ngajak batur sia nyah? Bisa-bisa isuk mah ngajak jalma sakampung,” Pa Kuwu ngagebes.
“Ah, teu wantun. Piraku kanu berehan bade kumawantun,” Mang Juned nembal anca.
Dikitukeun teh Pa Kuwu langsung ngodok calana. Terus tina dompetna ngaluarkeun sababaraha lembar duit. Sok dibikeun ka Mang Juned. Gejlig be indit.
Mang Juned nyaheheh basa ngadeukeutan kuring teh. “Tah jang urang bagi dua. Lumayan.”
Pokna bari sok duit teh dikeupeulka ka kuring sawareh. Basa dibatrean teh, kuring ngajenghok. Rp 500 rebu. Sapuluh poeeun ladang kuring buburuh nembok.
“Na loba pisan Mang?”
“Ah, pesakan we. Luamayan. Da eta ge paling duit ladang korupsi. Iraha deui pangawakan kuli siga urang bisa ngasaan duit ladang korupsi,” pokna baru nyerengeh.
Kuring hareugeungeun. Pangalaman peuting ieu karasa aneh luar biasa.(*)
24 Februari 2008

Tidak ada komentar:

Posting Komentar