Minggu, 13 Maret 2011

Kajiret Napsu Birahi

Basa manehna asup ka kamar mandi, kuring langsung sadia. Baju dibuka, calana
panjang dilaan, tinggal calana jero. Golehe we kana kasur.
Hmh, gajih pisan yeuh daging teh. Umurna masih belasan. Masih serba peungkeur.
Basa make pakean keneh oge geus tembong seksi. Komo mun engke geus bulucun.
Emh, kuring teu karasa ngarenghap panjang. Aya napsu nu nguliat.
Tadi panggih teh panggih jeung manehna di BIP. Kuring kabaneran taya tugas di kantor. Leos we ka pusat perbelanjaan. Saha nu apal manggih nu montok. Eh, harepan teh langsung kabul. Kuring panggih jeung manehna di lobi. Saliwatan hate teh langsung cop. Donto.
Manehna keur anteng ngulinkeun telepon genggam. Basa ku kuring dideukeutan langsung nyanggut. Nya terus we dibawa ka hotel.
Basa manhena kaluar ti kamar mandi, awakna ukur dibeungkuet anduk. Kulitna bodas
beresih. Nempo kuring geus satengah bulucun teh manehna ngabelenyeh. Gek diuk
dina sisi ranjang. Leungeuna terus nyisiran buukna anu ngarumbay sataktak.
Kuring mencrong manehna bari teu lemek. Manhena oge anteng nyisiran bari
neuteup kana eunteung gede anu naplok dina tembok. Rada lila paheneng-heneng.
“Naha teu aya soantena? Tunduh?” manehna ngareret.
Kuring gedeg bari nguniang hudang. Gek gigireunena. Leungeun kuring terus
gerilya. Ngusap-ngusap pundukna anu bodas. Karasa lemes. Dikituekuen teh
manehna teu baha. Ngan basa leungeun kuring nyulusup ka jero anduk, awakna rada
ngagurubug. “Ih nakal,” pokna, tapi aya kalangkang imut dina biwirna.
Lengeun kuring beuki motah. Andukna dicentok, bruk we ubin. Manehna bulucun, tapi leungeuna teu ieuh make repot nutupan daerah pribadina. Kalah hayoh ngagaramang nyasaran awak kuring. Tina dada terus ka handap. Wani pisan, tapis kacida.
Kamar hotel teh dipasangan penyejuk ruangan, tapi sama sakali teu karasa pangaruhna.  Awak kuring panas, manehna oge teu beda. Napsu beuki ngaberung. Duaan guley, silih
rames, silih gemol. Kuring ngarahuh, manehna humarurung. Bendungan jebol, duaan patangkeup pageuh pisan.
Basa napsu geus lekasan, kuring terus kasarean. Cape.
Basa hudang, kamar teh jempling. Taya tapak-tapak manehna. Kuring rada
ngajenghok basa mireungeuh loket kuring ngagoler dina meja. Gancang
dideukuetan. Kosong. Taya duit nu nyesa salambar oge.
Bangkawarah, kuring kekerot. Awewe atah adol. Peureup langsung neunggeul meja.
Kakaget kuring teu anggeus nepi ka dinya. Dina eunteung katembong tulisan gede
warna beureum. Sigana make lipenstip. “Salamet bergabung jeung grup penderita HIV/AIDS.”
Kuring colohok. Awak ngeleper. HIV/AIDS? Manehna ngidap HIV/AIDS? Beu cilaka, kapan tadi teh teu make kondom. Tuur nyoroncod. Dunya karas asa pok mongkleng.(*)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar