Minggu, 26 Juni 2011

Rasa nu Nyamuni Keur Heni

"Geulis nya."
"Saha tea?"
"Itu nu buukna pondok. Titatadi sigana paneuteup akang teh napel we ka
manehna."
Kuring neuteup, manehna nyerengeh. Tetep misteri. Teu kabaca, naon nu aya dina
pikirana. Matak putus asa. Asa cape ngadadago isarat nu jelas.
"Jung atuh caketan."
Kuring masih mencrong, manehna tetap imut. Naha timburu? Atawa nghucuhkeun
saenyana?
Heni, Heni. Bener-bener lindeuk japati. Mindeng siga nu mere angin, are pek di
tewak bet ngajauhan. Weleh teu apal, kumaha persaaan manehna ka kuring.
Heni teh sobat heubeul. Babarengan ti mimiti SMA, kuliah, terus ayeuna gawe
oge di tempat sarua. Deukeut leuwih ti ka dulur. Kuring wani tumbrak-tembrak
sagala hal ka manehna. Itu oge nya kitu, salawasna ngabagi pasualan hirupna.
Tapi soal persaan, tetep walohualam.
"Euh, kaburu disamber batur tuh."
Kuring ngareret. Enya we sa rambut pondok teh keur anteng ngobrol jeung Kang
Maman. Lapur. Kang Maman mah kapan geus kakoncara, raja asmara. Awewe nu
dihelaran ku manehna, langka nu bisa nolak. Maklum dedeg sampe, rupa hade,
tur dunya barana oge teu kurang-kurang.
"Wah, patah hati deui yeuh," kuring nyerengeh ka manehna.
"Yeh, patah hati nanahaon. Ngadeukeutan ge encan, piraku langsung patah hati.
Emang bener jatuh cinta?"
"Har tadi pan saur Heni kitu. Can't take my eye off her. He he he."
Dikitukeun teh manehna kalah neuteup serius pisan.
"Ih, pameget mah gampil pisan jatuh cinta nya."
Kuring seuri.
"Nya, teu nanaon atuh. Dari pada ngantosan nu teu jelas..."
Manehna langsung nyureng. "Maksanda?"
"Ah, henteu," tembah teh bari ngabaliuer.
Karasa paneuteupna masih manco.
"Memang saha nu diantosan tapi teu jelas teh?"
Kuring ngareret. Bener we manehna masih keneh neuteup seukeut.
"Jodo," tembal teh bari ngebelenyeh. Manehna langsung miceun teuteup.
"Dupi Heni kumaha?"
"Naon tea?" pokna semu apilain.
"Jodo?"
"Ah, engke ge dugi nyalira. Keur naon dipikiran."
Jep obrolan teh putus. Kaayaan di kantin beuki rame. Pagawe pacampur jeung
calon pagawe nu rek dalaptar.
Kang Maman tembong beuki galeckrok ngobrol jeung si rambut pondok teh. Sigana
salah sahiji calon pagawe anyar si rambut pondok teh, da asa karek panggih.
Geulis. Nyongcolang tinu sejen.
Tapi lain lantaran geulisna kuring titatadi nyerangkeun manehna teh. Asa
kungsi panggih, tapi lebeng teu inget dimana.
"Asa pernah paamprok."
"Saha tea?" Heni ngalieuk.
"Si rambut pondok."
"Dimana? Dina impian?"
Kuring neuteup seukeut, manehna ngabalieur. Hayang pisan sikep Heni eta teh
jadi gambaran tina rasa timburuna. Tapi, ah da mindeng kitu, mindeng pisan
kuring miharep, mindeng oge kuciwa ahirna.
Tapi, terus terang can kungsi wani betus. Persaan kuring ka manehna ukur
disidem jeroeun hate. Inggis ditolak. Asa teu kuat nadangan akibatna.(*)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar