Senin, 05 September 2011

Antara Pembantu, Supir, jeung Tuanna

Jam 8. Soni ngolesed ka dapur. Suwung. Leos ka tukang. Sepi. Tapi panto kamar
Nani satengah kabuka. Tanpa soara Soni ngadeukeutan. Tina sela-sela panto
breh Nani keur sare tibra.
Jejengkean manehna asup. Tapi panto ngareket basa didorong teh. Nu keur tibra
kahudangkeun, terus diuk na enggon. "Eh, bapa...," pokna basa breh kanu asup.
Soni nunda curuk lebah biwir, mere isarah supaya Nani teu nyoara. Lalunan
manehna nutup panto kamar. Cetrek dikonci. Manehna imut basa ngadeukeutan
Nani teh. Nu dideukeutan murungkut. Gogodeg. "Teu kengin atuh pa. Pan aya
ibu."
"Teu nananon. Ibu geus sare," Soni ngaharewos.
Nani teu lemek. Malah ngageser awakna, mere tempat jang diuk dununganana.
Gek soni diuk. Adek pisan kana awak Nani.
"Bade gosok gigi heula nya, pa."
Soni gogodek. "Ah, teu kudu."
"Isin ah, bilih bau."
"Ah, teu nanaon."
Antukna Nani pasrah. Soni, nu geus diberung ku napsu, nangkeup jeung
ngagemolan pembantuna. Nani teu baha. Angin peuting jadi saksi bedahna
birahi.
***
Jam 11 beurang. Sup mobil teh ka buruan penginepan.
Sabada pesen kamar, Imas ngajak Wawan ka kamar. Di jero kamar, manehna
langsung ngudaran baju. Basa geus bulucun, golehe na kasur.
"Hayu kadieu," pokna ka Wawan.
Nu diparentah teu baha. Teu kaleked manehna ngalaan baju sorangan. Terus
ngagoler gigireun dununganana. Leungeun imas langsung beraksi, ngusapan
supirna nu umurna karek lilikuran. Lebah handapeun bujal, leungeun teh lila
beraksi. Wawan nepi ka peureum beunta.
"Aduh teu kiat bu." pokna sanggeus rada lila digulanggaper Imas.
Imas imut. Kalacat naek kana luhureun awak supir nu umurna geus ampir sapantar
jeung anakna. Birahi beda.
***
Soni jeung imas pada pada buligir luhureun kasur.
Tapi taya nu sok ngamimitian beraksi. Kalah pada-pada neuteup lalangit kamar.
"Hayu atuh pah."
Soni ngarahuh. Terus nguniang cengkat. Kalacat kana luhureun awak
pamajikanana. Kawajiban asa beuki matak horem migawena, ceuk pikirna.
Pipikiranan kalah ngacacang ka Nani.
Imas oge sarua. Bet ujug-ujug inget kana awak Wawan anu masih serba ngeusi.
***
"Kang iraha atuh urang kawin."
Nani neuteup bebenena. Wawan ngusapan buuk Nani.
"Sabar. Urang ngumpulkeun heula modal."
"Pan, tos kenging sawah dua kotak."
"Ke mun tos tiasa meser bumi, urang berhenti."
Nani unggeuk. Terus ngabebeskeun awakna kana dada beubeureuhna. Asa bagja
karasa ku manehna. Wawan balik nangkeup. Sabeulah leungeuna ngusapan tonggong
Nani. (*)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar