Selasa, 06 September 2011

Lia

"Alim, ah."
"Kunaon kitu?"
"Alim nganyenyeri batur abdi mah."
"Tapi ari nganyenyeri akang mah tega."
"Ih dinyenyeri kumaha? Sidik diraoskeun terus akang mah...," pokna bari
ditungtungan nyirihil ngagoda.
Kuring keom. "Pan hubungan urang bakal langkung sampurna upama dibeungkeut ku
tali rumah tangga."
"Muhun. Tapi, karunya ka istri akang."
"Da moal apaleun ieuh."
"Lami-lami mah pasti apaleun."
"Jadi urang teh rek terus kieu we nyah?"
"Nya teu nanaon atuh kang. Da abdina oge rido."
Kuring ngahuleng. Ieu kasakitu kalina pangajak kuring ditolak Lia.
"Ih, tong sedih atuh kang. Yu urang dihibur atuh ku abdi," pokna baru nuntun
kuring ka kamar. Kuring teu baha. Siga samemehna, pasualan tadi sama sakali
teu mangaruhan hubungan salila di jero kamar. Justru momen-momen paduduan di
jero kamar siga kitu nu ngabalukarkeun kuring beuki kaeurad ku manehna.
Servis manehna bener-bener bumi jeung langit dibandingkeun panglayan
pamajikan teh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar