"Da lalaki mah pikiranana ngeres."
Yuni nembal daria naker. Kuring keur ngawawancaraan manehna di juru kafe nu
masih keneh sepi. Maklum karek jam 09.00 peuting. Biasana kafe ieu mah mimiti
ramena teh jam 11.00-an. Kafe Bunga, kawentar sebagi tempat nongkrong nu buka
nepi ka jam 02.00 isuk-isuk.
Yuni teh pengunjung maneuh di tempat ieu. Kukupu peuting nu daek entreup
samanea. Asal aya tamu kandel pesakna nu hayang dibaturan, Yuni pasti daek
nyadiakeun servis luar biasa.
"Teu ngarasa hina?"
Ditanya kitu teh nyureng. "Naha make abdi jeung para wanita nu jadi hina. Naha
para lalakinu lampahna teu uni tetep dianggap suci."
"Pandangan masyarakat umum memang kitu."
"Padangan nu teu adil. Kudu didobrak."
Suarana tandes. Peneuteupna penuh sumanget. Kuring rada kaget. Yuni teh
responden kuring nu kaopat. Awewe samemehna taya hiji oge nu ngabogaan sikap
kawa manehna. Umumna mah ngarasa dosa, hina, tapi kapaksa ngajalankeun
profesina lantaran tuntutan ekonomi. Ari Yuni ternyata beda.
"Tos gaduh pasangan?"
"Malem ieu mah teu acan."
"Maksadna teh suami atawa kabogoh."
"Aya."
Hah? Nempo kakaget kuring teh manehna terus seuri. "Da abdi oge manusa atuh,
butuh kasih sayang."
Kuring sakedepan ngahuleng. "Pasangan teh suami atawan ukur kabogoh?"
"Salaki."
Wawancara teh kapotong. Awewe satengah umur datang. Menta ijin terus
haharesosan jeung Yuni. Kituna teh bari terus nunjuk-nunjuk bangka beulah
hareup nu ditempatan ku dua lalaki.
Basa awewe tadi geus ngajauhan, Yuni terus cengkat. "Punten aya padamelan
heula. Upami masih peryogi mah mangga enjing deui."
Kuring kuciwa. Bos dikantor geus sababaraha kali nagih tulisan panjang soal
kahirupan wanita malam. Geus dua poe ngagali bahan, tapi karasa asa can
cukup. Kari-kari ayeuna manggihan bahan nu menarik, tapi kudu kapegat
deui. "Upami ngantosan kumaha?"
"Mangga, tapi teu tiasa ngajamin waktosna. Upami ituna hoyong disarengan
kaluar, nya kapaksa moal tiasa."
Kuring unggeuk. "Nya, muhun lah. Diantosan."
Leos manehna indit bari ngabaledogkeun imut.
Manis manehna teh. Kulitna hideung santen. Kaseksian awakna katonjolkeun
pakean anu serba mini.
Yuni teh tembong ngadatangan meja dua lalaki tea. Ngajak sasalaman, terus
diuk. Teu lila langsung umplek ngobrol bari teu kendat diselang ku seuri.
Kuring ngaregot inuman. Sok nyokot buku catetan. Hasil wawancara jeung Yuni
teh gancang dicatet. Ngahaja tadi teu make perekam atawan dicatet, ambeh
lancar jeung ituna teu kagokeun.
"Euleuh, mani rajin. Bade ujian enjing?"
Gebeg. Yuni ujug-ujug geus nangtung gigireun.
Direret, tetela dua lalaki tadi geus euweuh. "Ning cepet pisan?"
"Pindah tongkrongan," tembal Yuni. "Itu bade pamit. Sigana moal tiasa
neraskeun wawancara tadi. Tos diantosan di hotel."
Kuring narik napas panjang. Naha saayana bae kitu bahan tulisan teh. Tapi,
minggu kamari, si bos teh geus gegerendeng majar tulisan kuring kurang dalam,
kuring reportase, kurang itu, kurang ieu. Ah, rumasa kamari teh sibuk ku
urusan di imah. Mitoha rek boga gawe jadi, liputan soal kasus putri pejabat
nu kapanggih mati over dosis di hotel teh teu bisa bener-bener mendalam.
"Punte we nya. Enjing deui panginten." Semu nu sadar kana kahandeueul kuring,
Yuni mere harepan.
Kuring unggeuk.
"Nya mangga atuh." Pokna. Leos we manehna ninggalkeun kafe.
Kuring oge nyelukan pelayan terus babayar.
***
"Ih si Papah meni bau roko." Di imah pamajikan gegerendeng. Manehna terus
ngabeuan baju nu karek diuculan. "Ti mana sih pa?"
"Ti kafe, liputan."
Teu papanjangan nanya. Geus apaleun kana seluk beluk pagawean kuring Lusi mah.
Da manehna oge kungsi jadi wartawan. Malah papanggih oge kapan basa pada-pada
ngaliput di lapangan.
"Aya masalah pah." Ceuk Lusi, basa kuring beres mandi tur geus nyanghareupan
cai teh haneut hareupeun tivi. Eta salah sahiji hal nu ku kuring mindeng
disukuran. Boga pamajikan teh kacida ngartina kana kacape deung karudet
salaki. Mun aya masalah, manehna mah pinter neangan waktu nu pas keur
nepikeunana.
"Masalah naon?"
"Soal perkawinan Evi."
"Saur bapa, cenah terancam batal."
"Har, naha kunaon?"
"Kanyahoan jajan."
Kuring kerung. "Maksudna?"
"Evi nangkep basah Toni keur jajan."
"Har pilakadar jajan, memang kunaon?"
"Ih ari si papah. Jajan nu kitu. Jajan lalaki maksudna teh."
Kuring hareugeueun. "Ka tempat pelancuran?"
"Sanes. Di tempat pijet."
"Terus apalna jajan kumaha?"
"Kapan tempat pijetna dirazia polisi. Toni jeung pasanganana kasampak keur
bulucun. Dua nana dibawa ka kantor pulisi."
Kuring olohok. "Iraha?"
"Tadi. Si Mamang Toha nu mawa bejana."
Mang Toha teh adina bapak mitoha kuring. Manehnana teh pulisi. Jadi mun
manehna nu mawa beja yen Toni katengke basah keur ngalakukan perbuatan
asusila, pasti benerna.
"Terus kumaha?"
"Evina terus ceurik. Hayoh ngerem maneh di kamar. Ibu oge sami, tapi bari
terus ngomong teus sudi boga minantu siga kitu."
***
"Lalaki mah otakna teh disetir ku birahi."
Kuring gogodeg. Yuni, nu poe ieu kukuring didatangan deui, tembong teu
tarima. "Itu fakta."
Kuring nyerengeh. Tadi teh gogodek lain teu panuju kana omonganana, tapi kaget
ku sikep jeung pamadeganana soal lalaki jeung kahirupan. Kaget nu saperti
kitu kaluar ti tangtungan awewe nu daek ngamurah-mareh harga dirina.
"Sigana eta teh fakta nu bias," kuring panasaran hayang neuleuman
pamadeganana. "Meureun Lusi boga pamadegan kitu lantaran salila ieu ukur
ngenal lalaki nu kararitu. Padahal kan teu kabeh. Masih loba lalaki nu boga
harga diri tur ngajungjung tinggi kasucian jeung kahormatan diri."
"Ah, dimana ayana lalaki siga kitu?" Tembalna bentes. "MUn aya oge, geus
dimusiumkeun. Nu loba mah lalaki nu ngadewakeun harta jeung kakawasaan. Terus
nganggap awewe ukur jadi perhiasan nu bisa dicopot sakadaekna. Nu nganggap
awewe lain beubeulahan jiwa, tapi ukur keur ngalengkepan kakayaan jeung
kakuasaan."
"Lantaran eta, Yuni milih jalan ieu?"
Manehna unggeuk tatag pisan. Kuring gogodeg deui.
"Tapi sabagean masyarakat nganggap hina ka awewe siga Yuni."
"Nya, mangga wae. Nu jelas mah tiga pagawean itu abdi tiasa boga sandang
pangan. Anak oge kasakolakeun."
"Gaduh putra kitu Yuni teh?"
"Dua," pokna. "Nu hiji kelas 6, nu hiji kelas 3."
"Arapaleun teu manehna kana pekerjaan Yuni?"
Ditanya kitu teh manehna teu langsung nembal. "Mudah-mudahan we moal."
"Ari caroge? Apaleun?"
Yuni unggeuk. "Dulu kerja di dieu, salah saurang juru masak."
Kuring olohok. Hubungan siga naon nu siga kitu? Lalaki mana nu rela
pamajikanana ngajual diri?
"Carita cinta nu menarik, sigana. Tos lami nikahna?"
"Sataun. Yuni antukna daek dipihukum lantaran manehna tembong tulus. Manehna
teu mandang hina ka Yuni. Ka barudak oge nyaaheun?"
"Caroge teh normal?" Kuring keukeuh panasaran.
Rada berubah beunget Yuni teh. "Nepi ka hiji titik, urang bakal sadar, urusan
ranjang lain hal terpenting dini hubungan suami-istri."
Jadi kitu. Lalakina kurang mampu berfungsi sebagai lalaki.
"Tapi tong salah, manehna kuat sebagai lalaki. Jantan," Yuni gancang
neruskeun. "Tapi hubungan antara kuring jeung manehna geus leuwih ti fisik.
Jauh leuwih ti fisik."
Kuring ngahuleng. Hubungan nu ngaleuwihan tina urusan fisik? Asa teu kabayang
siga kumaha.
Wawancara teh masih lumangsung panjang, sanajan sababaraha kali kapegat ku
tugas Yuni ngalayanan tamu.
Basa kuring pamitan, peuting geus meh janari.
Manehna maledog ku imut. "Upami masih keneh kirang, urang tepang di tempat
pribadi atuh."
Kuring ukur seuri mawur. "Dimana? Di hotel?"
"Mangga di hotel oge."
"Hanjakal wartawan itu mah tongpes. Kantong kempes." Kuring ngajawab bari
ngahaja nyekel pesak.
"Wios teu kedah mayar. Etang-etang bonus wawancara," pokna.
Kuring ngeureuceum. Beu, tawaran nu kacida narikna.
"Kumaha kersa? Iraha?" Kitu na teh bari imut manis. Paneuteupna berubah jadi
lautan madu.
"Ke upami waktosna pas," pokte bari ngaleos. Dina pikiran bet kabayang imut
Lusi nu liuh. Wani kitu kuring ngahianatan pamajikan nu sakitu baktina?(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar