"Euleuh etah raray mani kiruh kitu. Kunaon atuh?"
Kuring meubeutkeun maneh kana bangku warung. Memang keur teh keur harereneg mikiran pasualan di imah. Pamajikan keukeuh ngajak pindah. Hayang muka praktek di kota, deukeut keluargana. Kapan masa PTT-na geus lekasan, pokna.
Kuring asa beurat rek nyatujuan pangajakna teh. Kapan usaha kuring ayana di dieu. Najan teu loba, mimiti mayeng ladang ragaji kai teh. Dibere alesan kitu teh, manehna malah mere komentar teu ngareunah. Maksudna mah bener meureun ngajak kuring ngabina usaha anyar di kota, tapi cara ngomongna ngalantarankeun kuring asa disapirakeun. Asa taya hargana jadi lalaki.
"Ngersakeun naon, Jang?"
"Kopi."
Teu lila sor si bibi teh nyodorkeun cikopi na gelas.
"Asa mendung pisan poe teh. Rek hujan kitu?"
"enya, meureun." kuring nembal teu sumanget.
"Memang dikumaha ku bu dokter?"
Hah? kuring rungah ringeuh. Si Bibi nyikik. Karek karek sadar, yen manehna nyebut mendung teh nyindiran kuring. Da kapan poe sakieu cangrana.
"Ah, si bibi mah..." kuring ngabelehem.
"Hoyong diburan ku bibi?"
"Diubaran? Diubaran kumaha?"
"Kunu cara sasari."
Kuring nyerengeh. "Ah, bosen ukur noelan wungkul."
"Euleuh eta geura. Tos dipasihan sajeungkal, hoyong sadeupa."
"Har, kapan bibi tadi nu nawaran ubar.."
Manehna ngabetem. Leungeuna ngeprakan laleur nu entreup na gorengan.
Sajongjongan paheneng-heneng.
"Memang tos dipangmeserkeun KB-na?"
Kuring curinghak. Manhena api-api teu nempo.
"Encan sih."
"Nya enggal atuh pang meserkeun, ari hoyong diburan mah."
"Ah, hoream inditna."
Manehna teu nembal.
"Memang ngubaranan rek dimana?" tanya kuring.
"Nya di dieu we, dimana deui?"
"Eum, atuh kanyahoan ku batur."
"Nya moal lah. Urang tutup we warungna."
"Nya sok atuh. Teu kakabean oge da moal nanaon."
Sakedapan manehna ngabetem. Tapi teu burung nangtung, terus mimiti nutupan warung. "Ngga atuh ujangna antosan di jero."
Kuring nurut. Blus ka jero imah nu nyambung jeung warung. Gelas cikopi dibaa. Tapi asa moal kainum asana mah.(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar