Rabu, 08 Juni 2011

Kabengbat

"Ira ka Bandung deui?" Ema neuteup. Siga melang, tapi tetp liuh.
"Engke we lah, Ma. Hoyong istirahat heula." Ema teu kapapanjangan nanya. Leos
ka jero deui.
Di teras tukang, Kuring terus ngadaweung deui. Nenjokeun polah hayam nu
parebut dahareun sisi balong. Dua buku nu tadi dibawa ukur ngagoler na meja.
Haroream.
Kuduna eta buka teori organisasi teh geus tamat dibaca. Duanana penting keur
ngalengkepan bahan skripsi kuring. Tapi teung ah, tila munggu ieu semangat
keur majuan tugas ahir teh bet ngipisan.
Mun geus diuk hareupeun komputer, kalah jol kalangkang Atun nembongan.
Ngaganggu pisan.
Atun teh batur sajurusan. Manis jeung amis budi. Salah sahiji bentang di
jurusan.
Kuring raket jeung manehna lantaran kos teh deukeut, sa gang. Kitu teh ti
mimiti tingkat pertama. Mindeng diajar atawa diskusi bareng. Tugas jeung
catetan kuliah oge sok silih injeum.
Kuring naksir, tapi asa teu percaya diri. Ukur bisa mendem eta rasa jero-jero.
"Balaka we atuh, lur. daripaa nyiksa karep." Didin, batur sakar kuring, kungsi
mapatahan. Sataun kaliwat asana mah. Manehna ge bisa sidik yen kuring teh
ngabogaan hate ka Atun teh.
"Teu wani euy. Sieun ditolak."
"Ah, jamak ditolak mah. Tinggal neangan deui."
Kuring neuteup. Serieus sigana Didin teh. Ah, memang kuduna mah kitu. Tapi asa
teu wani. Momen-momen jeung Atun teh kacida berhargana. Teu kabayang mun
bener-bener kudu mungkasan kebersamaan itu lantaran cinta kuring ditolak.
Tapi dua minggu kaliwat, kuring ahirna teu bisa nahan. Basa bareng ngiuhan di
emper toko balik ti kampus, kuring lah-lahan ngedalkeun rasa ka manehna.
"Hah?" Atun harita langsung olohok. Respon anu langsung neunggeul angen-angen.
Pertanda goreng, gerentes teh.
Lila Atun teu lemek. Ahirna menehna neuteup.
"Nuhun, kanggo katrenana. Tapi, Atun kedah nimbang-nimbang heula," Pokna.
Kuring neureuy ciduh. Tapi teu burung unggeuk. Mulang ka koskosan teh bari
paheneng-heneng.
Menehna menta waktu, tapi kuring asa geus bisa ngarampa kumaha jawabanan
engke. "Da Atun mah nganggap Ramdan teh sebagai sahabat."
Ti saprak harita asa teu ngeunah cicing teu tibra sare. Antukan kuring milih
balik ka Ciamis. Seja niiskeun pikir, bari sugan aya sumangat keur ngahanca
skripsi.
Tapi tetela, skripsi teh teu kungsi katoel-toel. Nu aya teh kuring ukur huleng
jentul unggal poe. Ema tembong semu melang, tapi basa ku kuring dijawab taya
nanaon manehna teu maksa.
Teu sadar kuring ngarahuh. Sok buku na meja dirongkong. Coba dibaca. Weleh
pikiran teh teu bisa panceg.
***
Ramdan. Ah. Atun gogodeg.
Geus saminggu teu tembong. Ceuk baturna balik ke lemburna. Naha ngahaja
ngahindar selila manehna can mere putusan? Bisa jadi.
Putusan, ah, manehna justru bingung mun mikiran soal eta teh. Kapan dirina
geus jadi milik nu lian. Kang Yusuf nu kiwari aya di luar negeri, keur
nungtut elmu di Mesir. Tapi manehna oge teu bisa bohong, Ramdan teh justru
jadi sosok lalaki idaman manehna. Sederhana, tapi motekar.
Jadi kudu kumaha? Nuturkeun perasaan atawa tetep satia kana iketan heubeul anu
geus diatur ku kolot manehna jeung Kang Yusuf?(*)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar