Kamar seungit nyambuang. Kembang dimana-mana. Dina ranjang, dina tembok, dina
meja.
"Sok naek kana kasur. Sila."
Ki Ohim nepak. Kuring nurut.
"Puseurkeun pikiran. Bayangkeun siga kumaha wanoja impian anjeun."
Kuring teu baha.
"Sok sing husu. Aki nungguan di luar."
Kadenge sora lengka Abah ninggalkeun kamar. Panto ditutup.
Pikiran kuring muser. Tapi bau menyan ngaganggu pisan.
***
"Kang! Kang!"
Panon dibuka. Breh teh....Luna Maya.
bener Ki Ohim teh. Nu hadir teh tetala persis sarue jeung dipikirkeun ku
kuring.
Persis teu dipiceun sasieur. Irung mancungna, halis hideungna, buuk panjangna,
kulit bodas beresihna. Persis kabeh.
"Ih, akang mah, naha ningalina mani siga kitu."
Manehna ngadilak. Serrr, hati kuring nyeredet.
"Dupi eneng saha?"
"Har, kapan abdi nu tadi disaur ku akang."
"Namina saha?"
"Lina."
"Oh, sanes luna?"
"Ih, upama engkang hoyongna kitu mah mangga. Nami abdi ayeuna mah Luna."
Kuring nuereuy ciduh. Manehna ngajak ngobrol teh bari diuk gigireun ranjang.
Karek sidik, baju nu dipakena ipis pisan. Jeung jeroeun baju teh taya deui nu
nutupan.
Siga nu sadar kana panempo kuring, manehna kalah terus ngusap-ngusap pingpina.
Eulueuh, kuring neureuy ciduh deui.
***
"Kumaha, Jang? Hasil?"
Kuring ukur unggeuk.
"Sesuai jeung kahayang?"
Kuring unggeuk deui.
"Sok atuh tinggal ditedunan saratna. Manehna bakal kapimilik."
Kuring teu lemek. Beurat tuda saratna teh. Tapi, sidik widadarina geus
nyanding.
"Kumaha jang, siap teu?"
Kuring neuteup Ki Ohim. Asa bararingung.
"Daripada saumur-umur miskin terus."
Enya sih, kitu na mah. Tapi pengorbananana asa beurat pisan.
***
Datang ka imah teh langsung disambut Romlah, pamajikan.
"Kumaha, Kang? Sukses?"
Kuring gogodek bari meubeutkeun maneh kana korsi.
"Aya sih jalan mah. Cek kuncenna mah ukur butuh tilu bulan, langsung bisa
lubak-libuk."
"Beu, asik atuh."
"Enya. Ngan saratna beurat pisan."
"Lah sabuerat naoh sih. Urang lakonan bae."
Kuring mencrong manehna. Nya pamajikan kuring pisan nu terus ngajujurung
kuring supaya ngadatangan Gunung Kaliki teh.
"Nya terserah atuh ari Romlah siap mah."
"Enya lah siap. Nu penting mah bisa ngarasaan beunghar. Bisa ngarasaan dahar
ngeunah unggal poe. Pake hade. Naek turun mobil. Imah sigrong."
***
Bener tilu bulan teh langsung tinekanan. Kuring meunang lotre samiliar.
Salelembur geunjelueng. Si Asep tukang patri ngadadak beunghar. Pamajikan
kuring unggal poe teu leupas ti imut jeung seuri. Taya tapak-tapakna sipat
judes jeung kucemna nu baheula. Padahal haritan mah sirikna unggal poe kuring
digelendeng supaya digawe leubih giat. Supaya neangan pagawean lain nu leuwih
mere hasil mucekil.
***
Malem jumaah kaliwon. Kuring geus ngaria kamar tukang. Dialus-alus
dikembangan, cara dua jumaah kaliwon samemehna.
Tapi ayeuna mah bakal beda.
"Nyi geus datang mangsana."
"Naon tea?"
"Jungjungan urang hanyang tepung jeung nyai cenah."
"Nya hayu atuh."
"Jung mandi heula ku cai kembang."
Teu kaleked manehna langsung nurut.
Basa duaan geus dikamar, pamajikan teh titah muka baju. Bubulucun manehna sare
na kasur nu pinuh ku kembang.
Ari kuring langsung semedi. Ngahiyap Luna, si Jungjunan.
Teu kudu lila manehna jebul. Persis cara mimiti papanggih, oge dua jumaah
samemehna.
Nempo pamajikan kuring teh manhena langsung imut manis pisan.
"Geus siap nyah?"
"Parantos," tembal teh bari hormat.
"Maneh nyai? Geus siap?"
Pamajikan nu tetep ngaggoler unggeuk. Luna terus ngadeukeutan. Irungna
dideukuetkeun kana kulit pamajikan. Kabeh awakna diciuman. Barang nepi kana
embun-embun, manehna ngareret ka kuring. Siga menta persetujuan. Kuring ukur
unggeuk.
Beungeut Luna nu tadina geulis ngadadak barobah. Jadi beungeut oray raksasa.
Sihung rangeteng. Langsung muka bahamna, belewek pamajikan nu keur nangkarak
teh diteureuy. Kuring gura-giru peureum.(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar