robah warna bodas.
"Wengi, Pa. Tos lami ngantosan."
Kuring nunda anduk dina meja leutik di pojok kamar. Sabot bebenah, karasa tamu
teh terus neuteup. Ah biasa, kabeh ge siga kitu. Justru aneh mun teu kita.
Kapan nu daratang ka dieu teh memang ucing garong nu geus teu sabar hayang
nyamplok lauk nu donto.
"Geus lila didieu, Hen?"
Gebeg. Har, geuning manehna nanya make ngaran asli kuring. Nu apal yen ngaran
kuring Heni teh bisa diitung ku ramo leungeun di tempat ieu teh. Ngaran
kuring sapopoe mah kapan Yayah.
Gancang disidik-sidik. Ya, ampun, geuning urang lembur.
"Eu..Pa...Pa...Ganjar?" kuring asa samar rampa. "Na..naha bapak aya di dieu?"
Manehna nyerengeh. Matak nyentuk kana angen. Persis serengeh anu ngalecehkeun
siga baheula. "Har, pertanyaan teh tibalik. Naha Heni aya dideu?"
Kuring ngabalieur. Teu kawawa cipanon bedah. Lalakon pait ka tukang
narembongan.
Pa Ganjar teh rentenir di desa kuring. Bapa oge ka kajiret ku manehna.
Nginjeum keur meuli parahu teh mang taun-taun teu lunas-lunas. Pangna ge bapa
teu walakaya basa hiji poe Pa Ganjar ngalamer kuring.
Kuring tinangtu bae nolak. Hoream teuing kudu jadi istri ketilu. Barina oge
karunya ka Kang Darmawan, bebene kuring. Tapi bapa teu bisa hojah. Perkawinan
geus ditangtukeun tanggalna. Tapi dia poena kuring milih kabur jeung Kang
Darmawan.
Tetela nasih teu berpihak. Kang Darmawan kacilakaan basa neruskeun pagawean
ngojegna dikota. Lantaran bingung keur maraban budak nu geus dua antukna
kuring tigebrus ka tempat ieu. Nyeri peurih kudu dijalanan demi sandang
pangan dua buah hate.
"Naha kalah ceurik. Kami mah kadieu teh rek senang-senang, lain rek lalajo nu
ceurik."
Kuring ngarenjag. Terus nyusutan cimata. "Mangga atuh..abdi tos siap..."
kuring terus ngomong. Manehna melong, kuring miceun beungeut.
"Sapeo sabaraha lalaki nu dilayanan?" manehna nanya.
Kuring teu hanyang ngajawab.
"Si Darmawan kamana?"
Tetep teu hayang nembal.
"Sok atuh uculan kabeh pakeanana."
Kuring nurut. Kadenge napas manehna langsung ngahegak basa breh awak kuring nu
buligir teh. Malam harita kuring nandangan deui perlakuan kasar kabina-bina.
Bari sababaraha kali ngajerit, jeroeun hati kuring ngucap sukur, teu jadi
dipihukum ku lalakieu ieu. Jadi pamajikan manehna naon bedana jeung jadi
pelacur.
Basa napsu manehna beuki ngagedur tur perlakuanana beuki kasar, kuring justru
inget ka Kang Darmawan. Si akang nu salawasna nyaah. Si Aang nu pinuh cinta.
Hanjakal anjeun bet ninggalkeun cepet pisan. Hampura kuring, Kang....(*)
Kembang Wisma (1)
Diilik-ilik, disidik-sidik. Asa enya. Mirip pisan. Tapi piraku.
"Aya nu cocok Pa?"
Budak ngora nu tadi nanya bari nyerengeh.
Kuring nunjuk. "Itu saha ngarana?"
"Nu mana? Nu di tengah?"
"Itu, nu pake rok kayas."
"Oh, eta. Yayah ti Garut."
Har geuning yayah? Lain Heni? Garut deuih lain Sumedang.
Tapi ah, asa moal nyalahan. Sidik manehna Heni. Karang lebah irungna pan beda
tinu sejen.
"Bade sareng eta, Pa?"
Basa kuring unggeuk manehna terus ngajak asup. Kuring dibawa ka kamar di
bagean tukang wisma.
"Ke antosan urang panggil Yayahna." Si budak ngora indit baru nutupkeun panto.
Yayah atawa Heni? Bari meubeutkeun maneh kana kasur kajadian tukang teh
ngolebat dina ingetan.
Heni teh banteng kampung. Jadi rebutan nonoman. Kuring oge milu aub. Kuring
boga keunggulan tibatan para pesaing teh. Bapana Heni, Badri, masih boga
hutang ka kuring. Basa lahlahan Heni dipenta, Badri teu walakaya. Waktu
rapalan langsung ditangtukeun.
Tapi dina poena kuring bet kaeraan. Heni kabur. Jeung Si Darmawan, tukang ojeg
ti kampung tatangga. Tiharita pleng taya bejana.
Ayeuna, lima taun kaliwat, bet nyampak didieu. Tapi asa kagambar jalanna.
Meureun si daramwan teh teu tanggung jawab. Atawan bisa jadi manehna nu
ngahucuhkeun Heni supaya tigebrus kana tempat maksiat siga kieu.
"Wengi, Pa. Tos lami ngantosan."
Kuring ngarenjag. Wanoja nu tadi ditunjuk teh asup. Langsung nunda anduk dina
meja leutik di pojok kamar. Kuring mencrongkuen manehna. Naha manehna
pangling kitu? Tadi basa asup teh da panueteup paamprok. Tapi manehna
apilain. Taya sari-sati kenal.
"Geus lila didieu Hen?"
Manehna tembong ngaranjuk. Malik terus mencrong kuring.
"Eu..Pa...Pa...Ganjar?"
Sidik bener Heni.
"Na..naha bapak aya di dieu?"
"Har, pertanyaan teh tibalik. Naha Heni aya dideu?"
Manehna ngabalieur. Renya-renyu, terus nyegruk ceurik.
Kuring ukur cicing baru nempokeun.
Na jero hate aya rasa puas. Kanyeri dikaburkeun ku manehna asa kaubaran.
Tapi, asa leuwih puas mun kuring bisa males nganyenyeri, ngahinakeun manehna.
"Naha kalah ceurik. Kami mah kadieu teh rek senang-senang, lain rek lalajo nu
ceurik."
Di kitukeun teh manehna siga sadar. Ceurikna eureun. Sok kana anduk, terus
nyusudan cimatana.
"Mangga atuh..abdi tos siap..." pokna bari nunda anduk. Paneuteupna terus
ngahindar pamencrong kuring.
"Sapeo sabaraha lalaki nu dilayanan?"
Ditanya kitu teh kalah ngeluk.
"Si Darmawan kamana?"
Tetep teu nembal. Kuring teu maksa.
"Sok atuh dilaan."
Bari tetep tungkul manehna nurut. Leungeunna nguculan pakean.
Tetela masih tembong ngeusi jeung bodas beresih.
Peuting eta, rasa kuciwa jeung kanyeri kuring budal. Manehna sababaraha kali
ngejerit kanyenyerian ku perlakuan kuring. Sabodo teuing.(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar