"Naha urang rek kieu terus, Ton?"
Toni ngareret. Terus narik napas panjang. Teu ngajawab kalah sok ngenyot rokok. Diseuseup jero naker, terus diserebungkeun. Haseup tina bahamna lir paheula-heula ngahontal lalangit kamar. Wati jeung Toni, pada-pada nangkarak bari buligir, nyerangkeun haseup.
"urang mengalir we." Toni antukna nembal.
Wati ngareret. Paneuteupna alum. "Tapi nepi ka iraha?"
Toni teu nembal. Pertanyaan eta pisan nu terus minuhan atina ahir-ahir ieu. Manehna oge teu manggihan jawabanan. Taya alternatif nu kapanggih. Ukur jalan buntu.
"Sok sedih Wati mah mun mikiran hal ieu teh." Wati nyarita bari ngalimba.
Toni teu lemek, ukur ngusapan buuk Wati.
***
Wati tipepereket ngeupeulkeun leungeun. Napsu nguntab jeroeun hatena.
"Cing jadi awewe teh tong mawa karep sorangan. Sing nurut ka salaki." Omongan Hamdan kacida tarikna. Kitu nateh bari bencereng jeung tutunjuk.
"Naha naon salahna awewe digawe? Batur oge loba. Barina oge kapan ladang abdi gawe teh lumayan keur ngabantu ekonomi keluarga."
Brak. Hamdan nonjok lomari. "Tah, geus diulang deui bae. Kabiasaan sia mah, teu pisan ngahargaan ka salaki. Cing jadi pamajikan teh sing ngarti. Narima kayaan salaki. Lain hayoh unggal waku nyindir sampir soal pangala salaki ku kecap jeung kalakuan."
Teu kaampeuh Wati nyegruk ceurik. Asa serba salah. Kita salah kieu salah. Ti poe ka poe Hamdan teh asa beuki ngered tur beuki galak.
"Kalah mewek," Hamdan nyentak. "Di omongan teu ngarti-ngarti. Mewek we di lobakan. Kuduna mah tuh turutan Ningsing, sakitu bageurna sakitu nuruna ka salaki."
Wati ngegel biwir. Hayang pisan nyorowok yen Toni, adi Hamdan, justru mindeng ngangluh ka dirina yen Ningsih teh kurang bisa ngigelan kahayang jeung kamajuan manehna.
***
Toni ngahejen. Leungeunna pagueh nangkeup awak Ningsih. Ni ditangkeup ukur cicing.
Basa ngagulimpangkeun awakna ka gigireun Ningsih, Toni narik napas panjang. Asa beuki monoton. Ningsih bener-bener jauh dibandingkeun jeung Wati. Di luar kamar atawar di jero, pamajikanana mah ukur pasrah. Taya inisiatif, teu pernah nunjukkeun napsu nu ngagedur cara Wati.
Kapan Wati mah wani menta hayang kitu, hayang kieu mun keur hubungan teh. Ari Ningsih ukur narima. Mun dipenta ngalakukeun posisi nu rada beda, nurut tapi karasa taya sumanget eksplorasi basa ngajanlankeunna.
Ningsih cengkat, sok nyokot baju, terus ngaleos ka kamar mandi.
Pasti ti kitu ka kitu. Tara pisan daek ngalakukeun after play. Toni ujug-ujug kangen ka Wati. Teuing keruna naon manehna di imah sabeulah.
***
Wati harita teh justru keur guyang kanyeri jeung kasedih.
Sanggeus ambek bebeakan, Hamdan terus ngagadabah manehna. Enya ngagadabah, da tetep maksa najan dirina terus embung-embungan oge. Wati peureum ngararasakeun kanyeri awak jeung hatena. Manehna oge sakalian nyingkahan beungeut Hamdan anu dipinuhan ku napsu birahi jeung amarah. Si lanceukna teh beda pisan jeung adina anu kacida lembutna.
Ah, Wati, teus sadar ngangluh.
Hamdan mureleng. Tayohna keluhan tadi teh kadengeuen ku manehna.
Hamdan nangkeup Wati beuki pageuh. Wati nepi ka rada ngajerit. Ngadenge jeritan eta, Hamdan justru beuki motah. Gerakanan beuki liar.
Tobat, Gusti, Wati ngajerit jeroeun hate.
***
Toni mukakeun panto mobil. Wati nu geus nungguan asup.
"Kunaon?" tanya Toni basa mireungeuh beungeut Wati nu alum.
"Biasa." Wati nembal pondok.
Toni narik napas panjang. Karunya. Manhena apal kalakuan kasar lanceukna. Da kapan geus lila pisan kitu na teh. Tapi manehna oge teu bisa majar kumaha. Manehna ukur bisa ngarongkong terus ngarames leungeun Wati. Nu dirames ngabales. Sawatra waktu pasualan nu neken teh karasa ngurangan.(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar