Asa hayang nyimpang, tapi inggis kanyahoan kunu di imah. Da geus rada curiga
pamajikan teh. Mun tas hubungan manehna leuwih taliti nitenan kuring.
Persoalanna teh kajadian tilu bulan katukang. Sanggeus rengse berhubungan,
kuring ngagoler gigireun manehna. Teu sadar pikiran ngacacang, inget kajadian
jeung Onih. Kuring teu kaampeuh ngarahuh.
Pamajikan heran. Terus tatalepa, aya naon. Ku kuring dijawab taya nanaon teh
tetep teu percaya. Pasti aya masalah, pokna. Moal enya tas hubungan terus
ngangluh siga kitu.
Ti saprak harita, manehna siga nu curiga. Tingkah laku kuring dititenan leuwih
taliti. Tiap rengkap paripolah kuring dianalisa, ditanya.
Nya tisprak harita kuring can panggih deui jeung Onih. Sono pisan sebenarna
mah. Tapi rumasa rada teu bisa bohong. Mun ngahajakeun nepungan Onih, pasti
kalakuan kuring bakal kapangaruhan. Pasti pamajikan langsung bakal ngarasa
parubahan kuring eta.
Ah, antukan kuring ngan mengkek kakangen jeroeun dada. Nu bisa dipigawe ngan
ukur ngabayang-bayang manehna, ngabayang-bayang lalakon basa bareng jeung
manhena. Kitu oge ngan ukur dilakukan basa jauh ti imah. Teu wani ari di imah
mah. Da, irung pamajikan teh asa seukeut pisan mun ngambeu hal-hal saperti
kitu teh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar