Jumat, 03 Juni 2011

Kembang Wisma

Diilik-ilik, disidik-sidik. Asa enya. Mirip pisan. Tapi piraku.
"Aya nu cocok Pa?"
Budak ngora nu tadi nanya bari nyerengeh.
Kuring nunjuk. "Itu saha ngarana?"
"Nu mana? Nu di tengah?"
"Itu, nu pake rok kayas."
"Oh, eta. Yayah ti Garut."
Har geuning yayah? Lain Heni? Garut deuih lain Sumedang.
Tapi ah, asa moal nyalahan. Sidik manehna Heni. Karang lebah irungna pan beda
tinu sejen.
"Bade sareng eta, Pa?"
Basa kuring unggeuk manehna terus ngajak asup. Kuring dibawa ka kamar di
bagean tukang wisma.
"Ke antosan urang panggil Yayahna." Si budak ngora indit baru nutupkeun panto.
Yayah atawa Heni? Bari meubeutkeun maneh kana kasur kajadian tukang teh
ngolebat dina ingetan.
Heni teh banteng kampung. Jadi rebutan nonoman. Kuring oge milu aub. Kuring
boga keunggulan tibatan para pesaing teh. Bapana Heni, Badri, masih boga
hutang ka kuring. Basa lahlahan Heni dipenta, Badri teu walakaya. Waktu
rapalan langsung ditangtukeun.
Tapi dina poena kuring bet kaeraan. Heni kabur. Jeung Si Darmawan, tukang ojeg
ti kampung tatangga. Tiharita pleng taya bejana.
Ayeuna, lima taun kaliwat, bet nyampak didieu. Tapi asa kagambar jalanna.
Meureun si daramwan teh teu tanggung jawab. Atawan bisa jadi manehna nu
ngahucuhkeun Heni supaya tigebrus kana tempat maksiat siga kieu.
"Wengi, Pa. Tos lami ngantosan."
Kuring ngarenjag. Wanoja nu tadi ditunjuk teh asup. Langsung nunda anduk dina
meja leutik di pojok kamar. Kuring mencrongkuen manehna. Naha manehna
pangling kitu? Tadi basa asup teh da panueteup paamprok. Tapi manehna
apilain. Taya sari-sati kenal.
"Geus lila didieu Hen?"
Manehna tembong ngaranjuk. Malik terus mencrong kuring.
"Eu..Pa...Pa...Ganjar?"
Sidik bener Heni.
"Na..naha bapak aya di dieu?"
"Har, pertanyaan teh tibalik. Naha Heni aya dideu?"
Manehna ngabalieur. Renya-renyu, terus nyegruk ceurik.
Kuring ukur cicing baru nempokeun.
Na jero hate aya rasa puas. Kanyeri dikaburkeun ku manehna asa kaubaran.
Tapi, asa leuwih puas mun kuring bisa males nganyenyeri, ngahinakeun manehna.
"Naha kalah ceurik. Kami mah kadieu teh rek senang-senang, lain rek lalajo nu
ceurik."
Di kitukeun teh manehna siga sadar. Ceurikna eureun. Sok kana anduk, terus
nyusudan cimatana.
"Mangga atuh..abdi tos siap..." pokna bari nunda anduk. Paneuteupna terus
ngahindar pamencrong kuring.
"Sapeo sabaraha lalaki nu dilayanan?"
Ditanya kitu teh kalah ngeluk.
"Si Darmawan kamana?"
Tetep teu nembal. Kuring teu maksa.
"Sok atuh dilaan."
Bari tetep tungkul manehna nurut. Leungeunna nguculan pakean.
Tetela masih tembong ngeusi jeung bodas beresih.
Peuting eta, rasa kuciwa jeung kanyeri kuring budal. Manehna sababaraha kali
ngejerit kanyenyerian ku perlakuan kuring. Sabodo teuing.(*)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar