"Alim." Kitu na teh bari godeg.
Beg. Jajantung asa ragrag. Beungeut asa euweuh getihan. Teu sangka rek meunang
jawaban kita. Kapan salila ieu manehna teh kacida lindeukna.
"Kanoan kitu Neni alim ka bapa?"
"Sieun."
"Sieun kunaon?"
"Sieun diontrog ibu."
Kuring ngaheneng. Manehna tungkul. Harita teh kuring jeung manehna keur
ngiuhan dina emper toko, tas balanja ti pasar Harmoni.
Neni teh pagawe kuring di restoran. Geulis, karek 20 taunan. Parigel kana
gawena: bisa masak, pinter manajemen. Pangna oge sagala tugas toh srog
kamanehna: masak, jadi kasir, pancen balanja.
Amir sataun manehna gawe. Lantaran papanggih unggal poe antukna jadi kacida
deukeutna.
Salila ieu manehna oge siga nu merean. Disindiran, ngabales. Leungeunna
diusap-usap, ari taya batur mah tara ieuh nolak. Malah dua minggu kamari,
manehna sadrah bae basa kukuring dicium teh.
Pangna oge tadi teh lah-lahan ngajak ngahiji. Tetela manehna nolak.
Ditempo manehna keur tungkul. Gap leungeunna ditewak. Manehna ngareret, tapi
sama sakali teu nolak.
"Bapa mah tos teu kuat da hoyong ngamilik Neni sagemblengna. Memang Neni teu
ngaraos?"
Manehna teu ngajawab.
"Nen?"
"Da asa teu siap mental Neni mah. Teu kabayang kedah kumaha ngawartosan ka ibu
rama. Padahal maranehna tos teranguen yang bapa teh tos gaduh istri."
Kuring ngarahuh. Asa aya di jalan buntu. Ka Endah, pamajikan kuring ayeuna,
kuring tetep nyaah. Asa moal tega kudu megatkeun. Komo deu geus aya Yayan
jeung Deni, buah cinta rumah tangga salila 15 taun.
Tapi kuring ngarasa nimu cinta nu sabenerna dini diri Neni. Asa moal kuat mun
kudu papisah. Da cacak mun manehna ijin sapoe ge karasa asa nu kosong jeroeun
diri teh.
"Da bapa mah moal kuat upami kedah kahilangan Nani mah." Kuring humandeuar.
Neni unggeuk. "Neni oge sami."
"Terus urang kedah kumaha?"
Sakdepan manehna ngabetem. Tapi terus nembal. "Urang kumpul tanpa iketan wae
atauh Pa."
Kuring kaget. "Maksudna?"
"Neni mah teu siap mental upami urang kedah nikah mah. Tapi dina ati mah Neni
siap pisan jadi istri Bapa. Neni siap nyerahkeun diri Neni ka Bapa."
Kuring kaget. Dipencerong teh manehna males bari pinuh ku kayakin.
"Teu sieun hamil kitu?"
"Ah, urang akalan we. Kan ayeuna mah seueur carana."
Kuring rada olohok. Asa teu percaya. Tapi memang jalan nu disebut kumanehna
teh nu paling masuk akal keur kuring duaan.
Dua poe kaliwat. Kuring jeung Neni ngadon balanja. Tapi berangkatna leuwih
cepet ti biasa. Geus janjian rek nyimpang heula ka losmen.
Basa geus aya dijero kamar losmen, manehna ngadadak taya sorana. Ukur ngeluk
we dina sisi kasur. Kukuring dideukeutan. Sok buukna diusapan. Manhena
langsung nangkeup awak kuring pageuh pisan. Leungeun kuring ngarampa
beungeutna, terus diangkat. Panon paamprok. Lalaunan kuring tungkul. Pel
biwir kuring kana biwirna. Karasa semu ngadegdeg biwirna teh. Haneut.
Kuring teu sempat cengkat deui. Tina biwirna biwir kuring langsung ngatapyak
kamana-mana. Leungeun silih usap. Napas pada-pada ngahegak. Birahi muncak.(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar