Minggu, 29 Mei 2011

Asmara Saliwatan

Naon nu jadi pertimbangan utama para wanoja basa nyerahkeun diri ka lalaki?
Sugeng weleh teu ngarti. Sebagai personil bend terkenal, rasa panghargaan
manehna ka para wanoja teh justru terus ngipisan ti poe ka poe.
Unggal waktu manehne merengeh: awewe merul ngamurah-mareh kahormatanana.
Paheula-heula hayang bisa bereng jeung Darma, vokalis Bend Klise. Ka diri
manehna, nu kapancen jadi tukang nabeuh drum, oge teu kurang-kurang awewe nu
pasrah sumerah. Dikukumaha oge daek.
Baheula mah asa nimu surga. Kiwari geus sarwa biasa. Asa bosen malah. Manhena
kabita ku batur nu bisa ngabeungkeut maneh dina iketan rumah tangga anu suci:
saling bisa ngaja kahormatan, saling ngajaga perasaan.
Tilu kali manehna kungsi rumah tangga, tilu kali oge gagal. Ituna nu teu kuat
timburu, atawa dirina nu teu puas.
Kiwari, manehna sarwa bebas. Hayang awewe siga kumaha, tinggal nunjuk. Hayang
dilayanan siga kumaha, tinggal menta. Tapi jeroeun hatena karasa aya nu
kosong. Hampa.
Manehna sadar, sakabeh hubungan saliwawtan jueng para wanoja penggemarna teh
ngan ukur pupulasan. Taya rasa cinta, taya kaendahan. Ukur napsu.
"Kang, kalah ngalamun..."
Sugeng ngagebeg. Hareupeunana nyampak benguet widadari.
Saha nya ngaranna? Noni, Sri, atawa Evi. Ah, paduli. Taya bedana. Manehna ukur
ABG liannya nu geus ngarasa agul ngasaan sare jeung anggota bend idolana.
Sugeng langsung nangkeup awak lenjang, bodas-beresih, nu geus teu katutup
nanaon. Papuket, napas ngahegak, napsu ngaberung.(*)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar