Senin, 30 Mei 2011

Sari

!m
Juha neureu ciduh. Romlah ngageboy kajero imah. Geol bujur si pembantu teh
ngadatangkan hawa panas jeroeun dirina.
"Hayoh, kalah olohok. Mana esna Kang?"
Euh. Sari camberut gigireun dorongan es. Gura-giru Juha ngalayanan es goyobod
pesenanana.
"Dasar lalaki, ari ningal nu demplon langsung we ngelay," Sari kukulutus.
Juha teu ngalayanan. Sieun kapapanjangan.
"Memang mata keranjang kabeh lalaki mah." bari nampanan gelas teh Sari tetap
nyanyi.
Juha tetep betem.
"Cara si Gagan nurus tunjung tuh, cenah mah cinta satengah mati. Ari geus
seubeuh ngasaan mamanis mah ngadon hayoh ngahelaran randa ngora."
Juha api-api sibuk ngaberesan gelas.
"Basa tas ngasaan mah cenah kami teh pang munelna. Tapi sanggeus panggih jeung
nu leuwih singset langsung poho."
"Diet atuh geura neng."
"Ah sararangeuk teuing. Da kami mah lintuh oge lintuh nguesi. Tetep seksi."
Juha molohok nempo Sari ngadon muter siga peragawati di luhur panggung. Seksi?
Manhen neureuy ciduh. Nu aya mah siga dreum. Awak buleud taya pisan
ngabentukna.
"Bener teu seksi?"
Gura-giru Juha unggeuk.
Nempo kitu teh Sari langsung marahmay. "Tetela teu kabeh lalaki lolong. Masih
aya nu sadar kana kaendahan alam."
"Enya lah endah, lamun ditempo tina sedotan atawa ti monas mah."
Sari jamedud deui. "Euh ngahina pisan. Kieu-kieu oge rasana mah pedo."
"Ah, saha nu percaya."
"Nya tinggal buktikeun."
"Hayu!"
"Sok, iraha?"
Nu tadina ukur heuheureuyan teh jadi katerusan. Peutingnya Juha ngadon
rerencepan ka tukangeun imah Pa Asep, tempat gawena Sari. Nu dianjangan geus
sadia. Manehna muka jandela terus ngajak Juha naek ka kamarna.
Di jero kamar reyem-reyem. Sari geus make baju sare. Juha ngadegdeg. Hawa
panas kahudang deui jeroeun dirina.(*)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar