Neni gulinggasahan. Magrib geus kaliwat. Pagawean masih numpuk. Pesen bis
tadi, kudu rengse peuting ieu lantara isuk rek di presentasikeun ka peninjau
ti kantor pusat.
Aduh, gara-gara Sri gering antukna manehna nu katempuhan. Tugas duaan, kudu
digarap sorangan. Geus tilu poe kapaksa manehna balik saluhureun jam 9
peuting. Bari kituna teh tugasna can oge anggeus.
"Bu Neni."
Gebeg. Tetela Nenden, seketaris Pa Jumadi, bos manehna.
"Saur bapa upami tos janten laporanna supados dipasrahkeun ka ruangan bapa."
Neni unggeuk. Nenden terus ngaleos balik bari teu poho ngabaledok ke imut.
Neni gura-giru ngahanca pagaweanana. Tetela ari dileukeunan mah teu burung
lekasan.
Pagawean teh terus dibawa ka kantor Pa Jumadi.
"Beres?"
Pa Jumadi nyambut ku imut.
Neni gura-giru tungkul. Teuing kunaon, hate tetap nyeblak nempo imut si bos
teh. Ta saprak mimiti panggih kituna teh. "Parantos, Pa," pokna bari sok
nunda map nu dibawana dina meja.
Pa Jumadi ngarongkong map eta. Sabada nitenan sababaha lembar, terus
unggut-unggutan. Nyeh imut baru neuteup Neni. "Sae padamelan teh."
Teuing kunaon, beungeut Neni asa karasa panas. Manehna ukur bisa unggeuk bari
gura-giru tungkul.
"Tos makan malam teu acan?"
Neni kaget. Naha maka nanya dahar sagala. Tapi gura-giru godeg.
"Kersa ngarencangan tuang di luar?"
Beu. Neni asa samar polah. Tapi teuing kunaon bet langsung unggeuk.
Sajajalan teh hatena terus degdegan. Ngabalesan obrolan Pa Jumadi ukur ka
kalimat-kalimat pondok. Padahal mindeng pisan manehna ngabayang-bayang
kajadian siga kitu. Enya jalan bareng, dahar bareng, jeung Pa Jumadi.
Tuda idaman para wanoja boga bos teh. Dedeg sampe rupa hade. Nembrak sagalana
manehna mah. Kakayaan nya tong ditanya, kapan salian jadi kepala cabang teh
manehna oge boga binis sejen. Perusahaan pemborong bejana mah.
Ngan hiji kakuranganna teh, manehna geus aya nu boga. Pamajikanna nu geulis
campernik geus mere dua buah hate nu lalucu.
"Tapi da rela jadi nu ngora ge ari sareng Pa Jumadi mah." Neni nyerengah
sorangan ari inget kana goyunan Sri basa ngomongkeun bos teh.
"Leres kitu?"
Gebeg. Pa Jumadi keur mencrong manehna. Nanya soal naon nya si bos teh? Neni
hareugeungeun.
"Eu..eu.. naon tea nya?"
Pa Jumadi mencrong bari seuri. Neni beuki samar polah.
"Naha kalah ngalamun? Kapaksa kitu kersa nyarengan teh?"
Neni gura-giru digeug. "Ah, henteu. Mung inggis kauninga ku ibu bae."
"Har..naon hubungananna jeung ibu? Kan urang mah teu nanaon ukur makan
bersama."
Beungeut Neni karasa asa kabeuleum. Asana hayang sup we mubuy kana taneuh.
"Atanapi Neni gaduh recana langkung ti kitu?"
Beu, Neni asa kabentar gelap. "Ah, teu wantun," pokna laun.
"Teu wani atawa teu aya hasrat?"
Euleuh pa bos bet jadi kieu. Neni ngabetem. Basa leungeun Pa Jumadi ngewat
leungeunna, asa taya tanaga keur nolak. Nya jadi we ngalengkah teh dituntun
si bos.
Nu majar ngajak dahat bareng teh tetela blus ka tempat karaoke. Neni kaget
tapi teu nolak. Di jero kamar karaoke, kasadaranana lir hilang. Manehna lebuh
dina impian endah nu geus lila kabayang-bayang, palid dina lautan asmara nu
rongkah jadi bah.
Manehna geus robah jadi tantungan nu pinuh ku napsu. Basa Pa Jumadi ngajak
kaluar, terus nyimpang ka kamar hotel manehna lir munding nu lindeuk, taya
hasrat keur nolak.
Basa birahi geus bedah, Neni jeung Pa Jumadi pada-pada nangkarak dina kasur.
Paneuteup pada-pada manco kana lalangit.
Rahuh Neni ngarahuh. Lebah congo pingpingna karasa nyeri. Basa dirampa, dina
leungeun teh aya getuh. Pa Jumadi oge sarua nempo eta getih. Manehna ukur
nyerengeh baru ngusapan buuk neni. Teuing kawawa cimata Neni bet bedah. Duka
cimata sedih atawa bagja.(*)
Minggu, 29 Mei 2011
Bos Impian
!m
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar