Minggu, 26 Juni 2011

Rasa nu Nyamuni Keur Heni

"Geulis nya."
"Saha tea?"
"Itu nu buukna pondok. Titatadi sigana paneuteup akang teh napel we ka
manehna."
Kuring neuteup, manehna nyerengeh. Tetep misteri. Teu kabaca, naon nu aya dina
pikirana. Matak putus asa. Asa cape ngadadago isarat nu jelas.
"Jung atuh caketan."
Kuring masih mencrong, manehna tetap imut. Naha timburu? Atawa nghucuhkeun
saenyana?
Heni, Heni. Bener-bener lindeuk japati. Mindeng siga nu mere angin, are pek di
tewak bet ngajauhan. Weleh teu apal, kumaha persaaan manehna ka kuring.
Heni teh sobat heubeul. Babarengan ti mimiti SMA, kuliah, terus ayeuna gawe
oge di tempat sarua. Deukeut leuwih ti ka dulur. Kuring wani tumbrak-tembrak
sagala hal ka manehna. Itu oge nya kitu, salawasna ngabagi pasualan hirupna.
Tapi soal persaan, tetep walohualam.
"Euh, kaburu disamber batur tuh."
Kuring ngareret. Enya we sa rambut pondok teh keur anteng ngobrol jeung Kang
Maman. Lapur. Kang Maman mah kapan geus kakoncara, raja asmara. Awewe nu
dihelaran ku manehna, langka nu bisa nolak. Maklum dedeg sampe, rupa hade,
tur dunya barana oge teu kurang-kurang.
"Wah, patah hati deui yeuh," kuring nyerengeh ka manehna.
"Yeh, patah hati nanahaon. Ngadeukeutan ge encan, piraku langsung patah hati.
Emang bener jatuh cinta?"
"Har tadi pan saur Heni kitu. Can't take my eye off her. He he he."
Dikitukeun teh manehna kalah neuteup serius pisan.
"Ih, pameget mah gampil pisan jatuh cinta nya."
Kuring seuri.
"Nya, teu nanaon atuh. Dari pada ngantosan nu teu jelas..."
Manehna langsung nyureng. "Maksanda?"
"Ah, henteu," tembah teh bari ngabaliuer.
Karasa paneuteupna masih manco.
"Memang saha nu diantosan tapi teu jelas teh?"
Kuring ngareret. Bener we manehna masih keneh neuteup seukeut.
"Jodo," tembal teh bari ngebelenyeh. Manehna langsung miceun teuteup.
"Dupi Heni kumaha?"
"Naon tea?" pokna semu apilain.
"Jodo?"
"Ah, engke ge dugi nyalira. Keur naon dipikiran."
Jep obrolan teh putus. Kaayaan di kantin beuki rame. Pagawe pacampur jeung
calon pagawe nu rek dalaptar.
Kang Maman tembong beuki galeckrok ngobrol jeung si rambut pondok teh. Sigana
salah sahiji calon pagawe anyar si rambut pondok teh, da asa karek panggih.
Geulis. Nyongcolang tinu sejen.
Tapi lain lantaran geulisna kuring titatadi nyerangkeun manehna teh. Asa
kungsi panggih, tapi lebeng teu inget dimana.
"Asa pernah paamprok."
"Saha tea?" Heni ngalieuk.
"Si rambut pondok."
"Dimana? Dina impian?"
Kuring neuteup seukeut, manehna ngabalieur. Hayang pisan sikep Heni eta teh
jadi gambaran tina rasa timburuna. Tapi, ah da mindeng kitu, mindeng pisan
kuring miharep, mindeng oge kuciwa ahirna.
Tapi, terus terang can kungsi wani betus. Persaan kuring ka manehna ukur
disidem jeroeun hate. Inggis ditolak. Asa teu kuat nadangan akibatna.(*)

Huh...

Asa hayang nyimpang, tapi inggis kanyahoan kunu di imah. Da geus rada curiga
pamajikan teh. Mun tas hubungan manehna leuwih taliti nitenan kuring.
Persoalanna teh kajadian tilu bulan katukang. Sanggeus rengse berhubungan,
kuring ngagoler gigireun manehna. Teu sadar pikiran ngacacang, inget kajadian
jeung Onih. Kuring teu kaampeuh ngarahuh.
Pamajikan heran. Terus tatalepa, aya naon. Ku kuring dijawab taya nanaon teh
tetep teu percaya. Pasti aya masalah, pokna. Moal enya tas hubungan terus
ngangluh siga kitu.
Ti saprak harita, manehna siga nu curiga. Tingkah laku kuring dititenan leuwih
taliti. Tiap rengkap paripolah kuring dianalisa, ditanya.
Nya tisprak harita kuring can panggih deui jeung Onih. Sono pisan sebenarna
mah. Tapi rumasa rada teu bisa bohong. Mun ngahajakeun nepungan Onih, pasti
kalakuan kuring bakal kapangaruhan. Pasti pamajikan langsung bakal ngarasa
parubahan kuring eta.
Ah, antukan kuring ngan mengkek kakangen jeroeun dada. Nu bisa dipigawe ngan
ukur ngabayang-bayang manehna, ngabayang-bayang lalakon basa bareng jeung
manhena. Kitu oge ngan ukur dilakukan basa jauh ti imah. Teu wani ari di imah
mah. Da, irung pamajikan teh asa seukeut pisan mun ngambeu hal-hal saperti
kitu teh.

Jumat, 24 Juni 2011

Bibi Tukang Karedok (2)

"Euleuh etah raray mani kiruh kitu. Kunaon atuh?"
Kuring meubeutkeun maneh kana bangku warung. Memang keur teh keur harereneg mikiran pasualan di imah. Pamajikan keukeuh ngajak pindah. Hayang muka praktek di kota, deukeut keluargana. Kapan masa PTT-na geus lekasan, pokna.
Kuring asa beurat rek nyatujuan pangajakna teh. Kapan usaha kuring ayana di dieu. Najan teu loba, mimiti mayeng ladang ragaji kai teh. Dibere alesan kitu teh, manehna malah mere komentar teu ngareunah. Maksudna mah bener meureun ngajak kuring ngabina usaha anyar di kota, tapi cara ngomongna ngalantarankeun kuring asa disapirakeun. Asa taya hargana jadi lalaki.
"Ngersakeun naon, Jang?"
"Kopi."
Teu lila sor si bibi teh nyodorkeun cikopi na gelas.
"Asa mendung pisan poe teh. Rek hujan kitu?"
"enya, meureun." kuring nembal teu sumanget.
"Memang dikumaha ku bu dokter?"
Hah? kuring rungah ringeuh. Si Bibi nyikik. Karek karek sadar, yen manehna nyebut mendung teh nyindiran kuring. Da kapan poe sakieu cangrana.
"Ah, si bibi mah..." kuring ngabelehem.
"Hoyong diburan ku bibi?"
"Diubaran? Diubaran kumaha?"
"Kunu cara sasari."
Kuring nyerengeh. "Ah, bosen ukur noelan wungkul."
"Euleuh eta geura. Tos dipasihan sajeungkal, hoyong sadeupa."
"Har, kapan bibi tadi nu nawaran ubar.."
Manehna ngabetem. Leungeuna ngeprakan laleur nu entreup na gorengan.
Sajongjongan paheneng-heneng.
"Memang tos dipangmeserkeun KB-na?"
Kuring curinghak. Manhena api-api teu nempo.
"Encan sih."
"Nya enggal atuh pang meserkeun, ari hoyong diburan mah."
"Ah, hoream inditna."
Manehna teu nembal.
"Memang ngubaranan rek dimana?" tanya kuring.
"Nya di dieu we, dimana deui?"
"Eum, atuh kanyahoan ku batur."
"Nya moal lah. Urang tutup we warungna."
"Nya sok atuh. Teu kakabean oge da moal nanaon."
Sakedapan manehna ngabetem. Tapi teu burung nangtung, terus mimiti nutupan warung. "Ngga atuh ujangna antosan di jero."
Kuring nurut. Blus ka jero imah nu nyambung jeung warung. Gelas cikopi dibaa. Tapi asa moal kainum asana mah.(*)

Rabu, 22 Juni 2011

Bibi Tukang Karedok

Umurna geus deuket 40, ceuk taksisaran mah. Tapi awakna masih ngeusi.
"Hayoh, mikir jorok, nya?" Manehna melong. Kitu na teh baru terus ngarendos bumbu karedok.
Kuring nyerengeh bari metot penenjo tina awakna.
"Ukur heran. Geus digunasika ku opat lalaki, tapi katembong teh masih keneh montok."
"Euleuh eta istilah...digunasika...memangna naon?"
"Sarua wae lah. Urang ganti dijamah atuh ari teu cocok mah."
Manehna nyeuleuketuk bari ngasupkeun lalab meunang neukteukan kana cowet batu.
"Naha lain digadabah sakalian?" pokna.
"Nya teu cocok atuh. Aya oge Si bibi nu ngagadabah meureun..."
Manehna nyureng. Tapi jelas teu ambek.
"Emang bibi awewe nanahaon, ngagadabah salaki sorangan?"
"Nya teu apal. Meureun we kitu sote. Pedah opat-opatna pada-pada teu langgeng."
"Da lain salah bibi atuh."
"Terus?"
"Salah ituna.."
"Teu bisa ngalayanan napsu si ibi?" kuring nempas.
Manehna molotot. "Ih, tersinggung Bibi mah dianggap wanita haus seks."
"Atuda pasti kitu kasimpulan batur teh mun nengetan riwayat Bibi anu geus opat kali ganti salaki."
"Ah, kajeun teuing ah anggapan batur mah. Kacape-cape mikiranana," pokna. "Ieu karedokna."
Sok kuring nampanan karedok tea. Warung nu biasana rame teh pareng sepi. Ngan kuring nu keur balanja teh.
"Aduh..." kuring ngagorowok bas wel karedok kana baham. "Lada pisan geuning."
Karedok nu aya dina sungut teh langsung diburakeun. Si Bibi kaget. Terus ngasaan karedok na piring kuring.
"Euh, enya geuning. Kalobaan sigana mah," pokna. "Tuda tadi kalah ngajak ngomong teu pararuguh. Jadina hilang konsentrasi."
"Euh si bibi mah. Diajak ngobrol kitu saeutik bae langsung poho kana nanaon. Dasar bener, napsu gede."
Si Bibi camberut, tapi terus nyieun karedok anyar keur kuring.
"Memang geus sabahara tahun nganggur, Bi?"
"Ih nganggut naon? Pan unggal poe ge nungguan warung."
"Nganggur etana maksud teh. Taya nu noel-noel," beuk kuring baru nyikikik.
Manehna ngadilak. Tapi terus ngarahuh baru ngajawab. "Geus sabaraha lila nya? Geus ampir dua taun asana mah."
"Naha lain neangan anu kalima atuh?"
"Ah haroream."
"Naha?"
"Sieun gagal deui."
"Nya ulah gagal atuh."
"puguh hese. Taya jaminan."
"Nya ngecer atuh."
"Ih bararaid. Memang si bibi awewe naon."
"Ah, dari pada kalaparan jeung kesepian..." kuring nyikikik.
Si Bibi nyodorkeun deui piring karedok anyar. Ayeuna mah pas ladana teh.
"Mun bener bibina daek, da pasti loba lalaki nu daeukeun geura."
"Naon tea?"
"Ngecer."
"Ah rugi di bandar atuh. Lalaki mah ngeunah, engka si bibi nu melendung."
"Kapan si bibi oge ngeunah."
"Ngeunah awalna teu ngeunah akibatna."
"Nya tinggal make kb, pasti aman."
"Ih mapatahan teu baleg."
Kuring nyakakak. Katembong asa mimiti kapangaruhan si bibi teh.
"Mun daek, ke dipangmeulikeu obat kb ku kami."
Si bibi melong. Kuring nyakakak deui.
"Memang saha nu daekeun ka bibi?"
"Nya loba. Lalaki nu jajan di dieui kapan lain lantaran karedokna. Utamana mah pedah bibi nu dagangna."
"Termasuk Jang Juha?"
"Wah, kuring mah beda atuh."
"Beda kumaha?"
"Alesanana murni. Kapan ieu warung karedok paling deukuet ti imah."
"Tapi, naha geuing sok terus melongkeun awak bibi."
Kuring nyerengeh. "Nya etah mah bonus atuh. Barina oge kan ukur nempo wungkul teu matak tatu."
"Emang moal. Noel age moal matak tatu da."
"Eudeuh, mani ngundang kitu."
"Ngundang kumaha?"
"Ngudang. Siganu hayang ditoel."
"Ari bibi mah da teu nanaon ditoel ujang mah. Lumayan ngarasakeun toelan caroge bu dokter." giliran manehna nyikikik.
"Sok atuh ka dieu urang toel, meungpeung euwuh batur."
"Sok atuh."
Sor bujurna kalebah kuring. Kuring justru olohok. Har geuning jadi enyaan. Luak-lieuk, taya sasaha. Ah, piraku aya lauk diantepkeun.(*)

Rabu, 08 Juni 2011

Kabengbat

"Ira ka Bandung deui?" Ema neuteup. Siga melang, tapi tetp liuh.
"Engke we lah, Ma. Hoyong istirahat heula." Ema teu kapapanjangan nanya. Leos
ka jero deui.
Di teras tukang, Kuring terus ngadaweung deui. Nenjokeun polah hayam nu
parebut dahareun sisi balong. Dua buku nu tadi dibawa ukur ngagoler na meja.
Haroream.
Kuduna eta buka teori organisasi teh geus tamat dibaca. Duanana penting keur
ngalengkepan bahan skripsi kuring. Tapi teung ah, tila munggu ieu semangat
keur majuan tugas ahir teh bet ngipisan.
Mun geus diuk hareupeun komputer, kalah jol kalangkang Atun nembongan.
Ngaganggu pisan.
Atun teh batur sajurusan. Manis jeung amis budi. Salah sahiji bentang di
jurusan.
Kuring raket jeung manehna lantaran kos teh deukeut, sa gang. Kitu teh ti
mimiti tingkat pertama. Mindeng diajar atawa diskusi bareng. Tugas jeung
catetan kuliah oge sok silih injeum.
Kuring naksir, tapi asa teu percaya diri. Ukur bisa mendem eta rasa jero-jero.
"Balaka we atuh, lur. daripaa nyiksa karep." Didin, batur sakar kuring, kungsi
mapatahan. Sataun kaliwat asana mah. Manehna ge bisa sidik yen kuring teh
ngabogaan hate ka Atun teh.
"Teu wani euy. Sieun ditolak."
"Ah, jamak ditolak mah. Tinggal neangan deui."
Kuring neuteup. Serieus sigana Didin teh. Ah, memang kuduna mah kitu. Tapi asa
teu wani. Momen-momen jeung Atun teh kacida berhargana. Teu kabayang mun
bener-bener kudu mungkasan kebersamaan itu lantaran cinta kuring ditolak.
Tapi dua minggu kaliwat, kuring ahirna teu bisa nahan. Basa bareng ngiuhan di
emper toko balik ti kampus, kuring lah-lahan ngedalkeun rasa ka manehna.
"Hah?" Atun harita langsung olohok. Respon anu langsung neunggeul angen-angen.
Pertanda goreng, gerentes teh.
Lila Atun teu lemek. Ahirna menehna neuteup.
"Nuhun, kanggo katrenana. Tapi, Atun kedah nimbang-nimbang heula," Pokna.
Kuring neureuy ciduh. Tapi teu burung unggeuk. Mulang ka koskosan teh bari
paheneng-heneng.
Menehna menta waktu, tapi kuring asa geus bisa ngarampa kumaha jawabanan
engke. "Da Atun mah nganggap Ramdan teh sebagai sahabat."
Ti saprak harita asa teu ngeunah cicing teu tibra sare. Antukan kuring milih
balik ka Ciamis. Seja niiskeun pikir, bari sugan aya sumangat keur ngahanca
skripsi.
Tapi tetela, skripsi teh teu kungsi katoel-toel. Nu aya teh kuring ukur huleng
jentul unggal poe. Ema tembong semu melang, tapi basa ku kuring dijawab taya
nanaon manehna teu maksa.
Teu sadar kuring ngarahuh. Sok buku na meja dirongkong. Coba dibaca. Weleh
pikiran teh teu bisa panceg.
***
Ramdan. Ah. Atun gogodeg.
Geus saminggu teu tembong. Ceuk baturna balik ke lemburna. Naha ngahaja
ngahindar selila manehna can mere putusan? Bisa jadi.
Putusan, ah, manehna justru bingung mun mikiran soal eta teh. Kapan dirina
geus jadi milik nu lian. Kang Yusuf nu kiwari aya di luar negeri, keur
nungtut elmu di Mesir. Tapi manehna oge teu bisa bohong, Ramdan teh justru
jadi sosok lalaki idaman manehna. Sederhana, tapi motekar.
Jadi kudu kumaha? Nuturkeun perasaan atawa tetep satia kana iketan heubeul anu
geus diatur ku kolot manehna jeung Kang Yusuf?(*)

Selasa, 07 Juni 2011

Sanggeus Pasarandog na Panto Dapur

Awakna beresih. Mulus. Memang kulitna teu bodas, tapi oge teu hideung. Hitam manis ceuk bahasa malayu mah.
Memang teu pati ngeusi. Wajar da kapan umurna ge karek 17 taun. Drop out ti kelas 2 SMA.
Manehna nangtung hareupeun kuring. Semo karagok. Leungeuna nutupan dada jeung congo pingpingna nu memang teu katutup nanaon. Buligir.
"Eh, nanaonan ari maneh?" Kuring nyureng sanggeus kakaget musnah.
"Pu..pu..n..ten. Manawi the teu aya sasaha," tembalna semu geumpeur.
"Aduh santi, santi. Pedah euweuh batur terus maneh renang bari bubulucun kitu?"
Manehna teu nembal.
"Naha baju maneh di mana?" Harita kuring pasarandog jeung manehna lebah panto dapur.
"Di kamar," Tembalna laun. Beungeutna tetep tungkul.
"Pun..ten.."Pokna menta jalan. Kuring nyisi. Manehna langsung lumpat. Paneuteup kuring teu leupas ti manehna nepi ka ilang ka jero kamar.
Teu sadar ngarahuh. Aya rasa aneh nu sumeleket. Bari gogodeg kuring ngolesed ka tengah imah.
****
Aduh, sial pisan. Santi ngarawel anduk. Nutupan awakna terus meubeutkeun maneh kana kasur.
Sial pisan. Padahal tadi wani nekad renang bari tataranjang the lantaran taya sasaha di imah. Ibu keur ka Bandung sedengkeun bapa kapan keur ka luar negri. Moro-moro bet si bapa geus aya di imah. Sial pisan. Rek ditunda di mana ieu beungeut. Beu kacipta mun isuk papanggih deui jeung si bapa. Asa era parada.
***
Kuring nangkarak na ranjang. Naha ngadadak teu tenang kieu. Beuteung karasa lapar deuih. Tadi teh kapan ka dapur rek menta disadiakeun dahar. Kari-kari malah kajadian siga tadi.
Ayeuna rek menta dipangmasakeun teh asa kararagok. Neangan dahareun kaluar asa hoream. Cape karek datang ti perjalanan maraton salila 8 jam.
***
Kumaha mun terus dipecat? Pertanyaan eta the langsung ngabangbaluhan hate Santi. Teu sanggup mun enya dipecat. Kapan pagawean ieu teh hese pisan meunangna. Pagaweana teu beurat jeung bayaranana leuwih tinu lian. Lumayan keur ngabiyaan 5 adina sakola.
Kacipta sedihna ema mun nepi ka dipecat. Santi hudang. Tapi terus meubeutkeun deui awakna kana kasur. Kudu kumaha ayeuna? Naha mending menta hampura bae ka bapa?(*)
Powered by Telkomsel BlackBerry®

Asmara Jalan Buntu

"Naha urang rek kieu terus, Ton?"
Toni ngareret. Terus narik napas panjang. Teu ngajawab kalah sok ngenyot rokok. Diseuseup jero naker, terus diserebungkeun. Haseup tina bahamna lir paheula-heula ngahontal lalangit kamar. Wati jeung Toni, pada-pada nangkarak bari buligir, nyerangkeun haseup.
"urang mengalir we." Toni antukna nembal.
Wati ngareret. Paneuteupna alum. "Tapi nepi ka iraha?"
Toni teu nembal. Pertanyaan eta pisan nu terus minuhan atina ahir-ahir ieu. Manehna oge teu manggihan jawabanan. Taya alternatif nu kapanggih. Ukur jalan buntu.
"Sok sedih Wati mah mun mikiran hal ieu teh." Wati nyarita bari ngalimba.
Toni teu lemek, ukur ngusapan buuk Wati.
***
Wati tipepereket ngeupeulkeun leungeun. Napsu nguntab jeroeun hatena.
"Cing jadi awewe teh tong mawa karep sorangan. Sing nurut ka salaki." Omongan Hamdan kacida tarikna. Kitu nateh bari bencereng jeung tutunjuk.
"Naha naon salahna awewe digawe? Batur oge loba. Barina oge kapan ladang abdi gawe teh lumayan keur ngabantu ekonomi keluarga."
Brak. Hamdan nonjok lomari. "Tah, geus diulang deui bae. Kabiasaan sia mah, teu pisan ngahargaan ka salaki. Cing jadi pamajikan teh sing ngarti. Narima kayaan salaki. Lain hayoh unggal waku nyindir sampir soal pangala salaki ku kecap jeung kalakuan."
Teu kaampeuh Wati nyegruk ceurik. Asa serba salah. Kita salah kieu salah. Ti poe ka poe Hamdan teh asa beuki ngered tur beuki galak.
"Kalah mewek," Hamdan nyentak. "Di omongan teu ngarti-ngarti. Mewek we di lobakan. Kuduna mah tuh turutan Ningsing, sakitu bageurna sakitu nuruna ka salaki."
Wati ngegel biwir. Hayang pisan nyorowok yen Toni, adi Hamdan, justru mindeng ngangluh ka dirina yen Ningsih teh kurang bisa ngigelan kahayang jeung kamajuan manehna.
***
Toni ngahejen. Leungeunna pagueh nangkeup awak Ningsih. Ni ditangkeup ukur cicing.
Basa ngagulimpangkeun awakna ka gigireun Ningsih, Toni narik napas panjang. Asa beuki monoton. Ningsih bener-bener jauh dibandingkeun jeung Wati. Di luar kamar atawar di jero, pamajikanana mah ukur pasrah. Taya inisiatif, teu pernah nunjukkeun napsu nu ngagedur cara Wati.
Kapan Wati mah wani menta hayang kitu, hayang kieu mun keur hubungan teh. Ari Ningsih ukur narima. Mun dipenta ngalakukeun posisi nu rada beda, nurut tapi karasa taya sumanget eksplorasi basa ngajanlankeunna.
Ningsih cengkat, sok nyokot baju, terus ngaleos ka kamar mandi.
Pasti ti kitu ka kitu. Tara pisan daek ngalakukeun after play. Toni ujug-ujug kangen ka Wati. Teuing keruna naon manehna di imah sabeulah.
***
Wati harita teh justru keur guyang kanyeri jeung kasedih.
Sanggeus ambek bebeakan, Hamdan terus ngagadabah manehna. Enya ngagadabah, da tetep maksa najan dirina terus embung-embungan oge. Wati peureum ngararasakeun kanyeri awak jeung hatena. Manehna oge sakalian nyingkahan beungeut Hamdan anu dipinuhan ku napsu birahi jeung amarah. Si lanceukna teh beda pisan jeung adina anu kacida lembutna.
Ah, Wati, teus sadar ngangluh.
Hamdan mureleng. Tayohna keluhan tadi teh kadengeuen ku manehna.
Hamdan nangkeup Wati beuki pageuh. Wati nepi ka rada ngajerit. Ngadenge jeritan eta, Hamdan justru beuki motah. Gerakanan beuki liar.
Tobat, Gusti, Wati ngajerit jeroeun hate.
***
Toni mukakeun panto mobil. Wati nu geus nungguan asup.
"Kunaon?" tanya Toni basa mireungeuh beungeut Wati nu alum.
"Biasa." Wati nembal pondok.
Toni narik napas panjang. Karunya. Manhena apal kalakuan kasar lanceukna. Da kapan geus lila pisan kitu na teh. Tapi manehna oge teu bisa majar kumaha. Manehna ukur bisa ngarongkong terus ngarames leungeun Wati. Nu dirames ngabales. Sawatra waktu pasualan nu neken teh karasa ngurangan.(*)

Asmara Jalan Buntu

"Naha urang rek kieu terus, Ton?"
Toni ngareret. Terus narik napas panjang. Teu ngajawab kalah sok ngenyot
rokok. Diseuseup jero naker, terus diserebungkeun. Haseup tina bahamna lir
paheula-heula ngahontal lalangit kamar. Wati jeung Toni, pada-pada nangkarak
bari buligir, nyerangkeun haseup.
"urang mengalir we." Toni antukna nembal.
Wati ngareret. Paneuteupna alum. "Tapi nepi ka iraha?"
Toni teu nembal. Pertanyaan eta pisan nu terus minuhan atina ahir-ahir ieu.
Manehna oge teu manggihan jawabanan. Taya alternatif nu kapanggih. Ukur jalan
buntu.
"Sok sedih Wati mah mun mikiran hal ieu teh." Wati nyarita bari ngalimba.
Toni teu lemek, ukur ngusapan buuk Wati.
***
Wati tipepereket ngeupeulkeun leungeun. Napsu nguntab jeroeun hatena.
"Cing jadi awewe teh tong mawa karep sorangan. Sing nurut ka salaki." Omongan
Hamdan kacida tarikna. Kitu nateh bari bencereng jeung tutunjuk.
"Naha naon salahna awewe digawe? Batur oge loba. Barina oge kapan ladang abdi
gawe teh lumayan keur ngabantu ekonomi keluarga."
Brak. Hamdan nonjok lomari. "Tah, geus diulang deui bae. Kabiasaan sia mah,
teu pisan ngahargaan ka salaki. Cing jadi pamajikan teh sing ngarti. Narima
kayaan salaki. Lain hayoh unggal waku nyindir sampir soal pangala salaki ku
kecap jeung kalakuan."
Teu kaampeuh Wati nyegruk ceurik. Asa serba salah. Kita salah kieu salah. Ti
poe ka poe Hamdan teh asa beuki ngered tur beuki galak.
"Kalah mewek," Hamdan nyentak. "Di omongan teu ngarti-ngarti. Mewek we di
lobakan. Kuduna mah tuh turutan Ningsing, sakitu bageurna sakitu nuruna ka
salaki."
Wati ngegel biwir. Hayang pisan nyorowok yen Toni, adi Hamdan, justru mindeng
ngangluh ka dirina yen Ningsih teh kurang bisa ngigelan kahayang jeung
kamajuan manehna.
***
Toni ngahejen. Leungeunna pagueh nangkeup awak Ningsih. Ni ditangkeup ukur
cicing.
Basa ngagulimpangkeun awakna ka gigireun Ningsih, Toni narik napas panjang.
Asa beuki monoton. Ningsih bener-bener jauh dibandingkeun jeung Wati. Di luar
kamar atawar di jero, pamajikanana mah ukur pasrah. Taya inisiatif, teu
pernah nunjukkeun napsu nu ngagedur cara Wati.
Kapan Wati mah wani menta hayang kitu, hayang kieu mun keur hubungan teh. Ari
Ningsih ukur narima. Mun dipenta ngalakukeun posisi nu rada beda, nurut tapi
karasa taya sumanget eksplorasi basa ngajanlankeunna.
Ningsih cengkat, sok nyokot baju, terus ngaleos ka kamar mandi.
Pasti ti kitu ka kitu. Tara pisan daek ngalakukeun after play. Toni ujug-ujug
kangen ka Wati. Teuing keruna naon manehna di imah sabeulah.
***
Wati harita teh justru keur guyang kanyeri jeung kasedih.
Sanggeus ambek bebeakan, Hamdan terus ngagadabah manehna. Enya ngagadabah, da
tetep maksa najan dirina terus embung-embungan oge. Wati peureum
ngararasakeun kanyeri awak jeung hatena. Manehna oge sakalian nyingkahan
beungeut Hamdan anu dipinuhan ku napsu birahi jeung amarah. Si lanceukna teh
beda pisan jeung adina anu kacida lembutna.
Ah, Wati, teus sadar ngangluh.
Hamdan mureleng. Tayohna keluhan tadi teh kadengeuen ku manehna.
Hamdan nangkeup Wati beuki pageuh. Wati nepi ka rada ngajerit. Ngadenge
jeritan eta, Hamdan justru beuki motah. Gerakanan beuki liar.
Tobat, Gusti, Wati ngajerit jeroeun hate.
***
Toni mukakeun panto mobil. Wati nu geus nungguan asup.
"Kunaon?" tanya Toni basa mireungeuh beungeut Wati nu alum.
"Biasa." Wati nembal pondok.
Toni narik napas panjang. Karunya. Manhena apal kalakuan kasar lanceukna. Da
kapan geus lila pisan kitu na teh. Tapi manehna oge teu bisa majar kumaha.
Manehna ukur bisa ngarongkong terus ngarames leungeun Wati. Nu dirames
ngabales. Sawatra waktu pasualan nu neken teh karasa ngurangan.(*)

Minggu, 05 Juni 2011

Kembang Wisma (2)

Tamu nu katilu. Katembong saliwatan mah geus bau taneuh. Buukna geus loba nu
robah warna bodas.
"Wengi, Pa. Tos lami ngantosan."
Kuring nunda anduk dina meja leutik di pojok kamar. Sabot bebenah, karasa tamu
teh terus neuteup. Ah biasa, kabeh ge siga kitu. Justru aneh mun teu kita.
Kapan nu daratang ka dieu teh memang ucing garong nu geus teu sabar hayang
nyamplok lauk nu donto.
"Geus lila didieu, Hen?"
Gebeg. Har, geuning manehna nanya make ngaran asli kuring. Nu apal yen ngaran
kuring Heni teh bisa diitung ku ramo leungeun di tempat ieu teh. Ngaran
kuring sapopoe mah kapan Yayah.
Gancang disidik-sidik. Ya, ampun, geuning urang lembur.
"Eu..Pa...Pa...Ganjar?" kuring asa samar rampa. "Na..naha bapak aya di dieu?"
Manehna nyerengeh. Matak nyentuk kana angen. Persis serengeh anu ngalecehkeun
siga baheula. "Har, pertanyaan teh tibalik. Naha Heni aya dideu?"
Kuring ngabalieur. Teu kawawa cipanon bedah. Lalakon pait ka tukang
narembongan.
Pa Ganjar teh rentenir di desa kuring. Bapa oge ka kajiret ku manehna.
Nginjeum keur meuli parahu teh mang taun-taun teu lunas-lunas. Pangna ge bapa
teu walakaya basa hiji poe Pa Ganjar ngalamer kuring.
Kuring tinangtu bae nolak. Hoream teuing kudu jadi istri ketilu. Barina oge
karunya ka Kang Darmawan, bebene kuring. Tapi bapa teu bisa hojah. Perkawinan
geus ditangtukeun tanggalna. Tapi dia poena kuring milih kabur jeung Kang
Darmawan.
Tetela nasih teu berpihak. Kang Darmawan kacilakaan basa neruskeun pagawean
ngojegna dikota. Lantaran bingung keur maraban budak nu geus dua antukna
kuring tigebrus ka tempat ieu. Nyeri peurih kudu dijalanan demi sandang
pangan dua buah hate.
"Naha kalah ceurik. Kami mah kadieu teh rek senang-senang, lain rek lalajo nu
ceurik."
Kuring ngarenjag. Terus nyusutan cimata. "Mangga atuh..abdi tos siap..."
kuring terus ngomong. Manehna melong, kuring miceun beungeut.
"Sapeo sabaraha lalaki nu dilayanan?" manehna nanya.
Kuring teu hanyang ngajawab.
"Si Darmawan kamana?"
Tetep teu hayang nembal.
"Sok atuh uculan kabeh pakeanana."
Kuring nurut. Kadenge napas manehna langsung ngahegak basa breh awak kuring nu
buligir teh. Malam harita kuring nandangan deui perlakuan kasar kabina-bina.
Bari sababaraha kali ngajerit, jeroeun hati kuring ngucap sukur, teu jadi
dipihukum ku lalakieu ieu. Jadi pamajikan manehna naon bedana jeung jadi
pelacur.
Basa napsu manehna beuki ngagedur tur perlakuanana beuki kasar, kuring justru
inget ka Kang Darmawan. Si akang nu salawasna nyaah. Si Aang nu pinuh cinta.
Hanjakal anjeun bet ninggalkeun cepet pisan. Hampura kuring, Kang....(*)


Kembang Wisma (1)

Diilik-ilik, disidik-sidik. Asa enya. Mirip pisan. Tapi piraku.
"Aya nu cocok Pa?"
Budak ngora nu tadi nanya bari nyerengeh.
Kuring nunjuk. "Itu saha ngarana?"
"Nu mana? Nu di tengah?"
"Itu, nu pake rok kayas."
"Oh, eta. Yayah ti Garut."
Har geuning yayah? Lain Heni? Garut deuih lain Sumedang.
Tapi ah, asa moal nyalahan. Sidik manehna Heni. Karang lebah irungna pan beda
tinu sejen.
"Bade sareng eta, Pa?"
Basa kuring unggeuk manehna terus ngajak asup. Kuring dibawa ka kamar di
bagean tukang wisma.
"Ke antosan urang panggil Yayahna." Si budak ngora indit baru nutupkeun panto.
Yayah atawa Heni? Bari meubeutkeun maneh kana kasur kajadian tukang teh
ngolebat dina ingetan.
Heni teh banteng kampung. Jadi rebutan nonoman. Kuring oge milu aub. Kuring
boga keunggulan tibatan para pesaing teh. Bapana Heni, Badri, masih boga
hutang ka kuring. Basa lahlahan Heni dipenta, Badri teu walakaya. Waktu
rapalan langsung ditangtukeun.
Tapi dina poena kuring bet kaeraan. Heni kabur. Jeung Si Darmawan, tukang ojeg
ti kampung tatangga. Tiharita pleng taya bejana.
Ayeuna, lima taun kaliwat, bet nyampak didieu. Tapi asa kagambar jalanna.
Meureun si daramwan teh teu tanggung jawab. Atawan bisa jadi manehna nu
ngahucuhkeun Heni supaya tigebrus kana tempat maksiat siga kieu.
"Wengi, Pa. Tos lami ngantosan."
Kuring ngarenjag. Wanoja nu tadi ditunjuk teh asup. Langsung nunda anduk dina
meja leutik di pojok kamar. Kuring mencrongkuen manehna. Naha manehna
pangling kitu? Tadi basa asup teh da panueteup paamprok. Tapi manehna
apilain. Taya sari-sati kenal.
"Geus lila didieu Hen?"
Manehna tembong ngaranjuk. Malik terus mencrong kuring.
"Eu..Pa...Pa...Ganjar?"
Sidik bener Heni.
"Na..naha bapak aya di dieu?"
"Har, pertanyaan teh tibalik. Naha Heni aya dideu?"
Manehna ngabalieur. Renya-renyu, terus nyegruk ceurik.
Kuring ukur cicing baru nempokeun.
Na jero hate aya rasa puas. Kanyeri dikaburkeun ku manehna asa kaubaran.
Tapi, asa leuwih puas mun kuring bisa males nganyenyeri, ngahinakeun manehna.
"Naha kalah ceurik. Kami mah kadieu teh rek senang-senang, lain rek lalajo nu
ceurik."
Di kitukeun teh manehna siga sadar. Ceurikna eureun. Sok kana anduk, terus
nyusudan cimatana.
"Mangga atuh..abdi tos siap..." pokna bari nunda anduk. Paneuteupna terus
ngahindar pamencrong kuring.
"Sapeo sabaraha lalaki nu dilayanan?"
Ditanya kitu teh kalah ngeluk.
"Si Darmawan kamana?"
Tetep teu nembal. Kuring teu maksa.
"Sok atuh dilaan."
Bari tetep tungkul manehna nurut. Leungeunna nguculan pakean.
Tetela masih tembong ngeusi jeung bodas beresih.
Peuting eta, rasa kuciwa jeung kanyeri kuring budal. Manehna sababaraha kali
ngejerit kanyenyerian ku perlakuan kuring. Sabodo teuing.(*)

Yuni Imut Manis Mangsa Janari di Pojok Kafe

"Da lalaki mah pikiranana ngeres."
Yuni nembal daria naker. Kuring keur ngawawancaraan manehna di juru kafe nu
masih keneh sepi. Maklum karek jam 09.00 peuting. Biasana kafe ieu mah mimiti
ramena teh jam 11.00-an. Kafe Bunga, kawentar sebagi tempat nongkrong nu buka
nepi ka jam 02.00 isuk-isuk.
Yuni teh pengunjung maneuh di tempat ieu. Kukupu peuting nu daek entreup
samanea. Asal aya tamu kandel pesakna nu hayang dibaturan, Yuni pasti daek
nyadiakeun servis luar biasa.
"Teu ngarasa hina?"
Ditanya kitu teh nyureng. "Naha make abdi jeung para wanita nu jadi hina. Naha
para lalakinu lampahna teu uni tetep dianggap suci."
"Pandangan masyarakat umum memang kitu."
"Padangan nu teu adil. Kudu didobrak."
Suarana tandes. Peneuteupna penuh sumanget. Kuring rada kaget. Yuni teh
responden kuring nu kaopat. Awewe samemehna taya hiji oge nu ngabogaan sikap
kawa manehna. Umumna mah ngarasa dosa, hina, tapi kapaksa ngajalankeun
profesina lantaran tuntutan ekonomi. Ari Yuni ternyata beda.
"Tos gaduh pasangan?"
"Malem ieu mah teu acan."
"Maksadna teh suami atawa kabogoh."
"Aya."
Hah? Nempo kakaget kuring teh manehna terus seuri. "Da abdi oge manusa atuh,
butuh kasih sayang."
Kuring sakedepan ngahuleng. "Pasangan teh suami atawan ukur kabogoh?"
"Salaki."
Wawancara teh kapotong. Awewe satengah umur datang. Menta ijin terus
haharesosan jeung Yuni. Kituna teh bari terus nunjuk-nunjuk bangka beulah
hareup nu ditempatan ku dua lalaki.
Basa awewe tadi geus ngajauhan, Yuni terus cengkat. "Punten aya padamelan
heula. Upami masih peryogi mah mangga enjing deui."
Kuring kuciwa. Bos dikantor geus sababaraha kali nagih tulisan panjang soal
kahirupan wanita malam. Geus dua poe ngagali bahan, tapi karasa asa can
cukup. Kari-kari ayeuna manggihan bahan nu menarik, tapi kudu kapegat
deui. "Upami ngantosan kumaha?"
"Mangga, tapi teu tiasa ngajamin waktosna. Upami ituna hoyong disarengan
kaluar, nya kapaksa moal tiasa."
Kuring unggeuk. "Nya, muhun lah. Diantosan."
Leos manehna indit bari ngabaledogkeun imut.
Manis manehna teh. Kulitna hideung santen. Kaseksian awakna katonjolkeun
pakean anu serba mini.
Yuni teh tembong ngadatangan meja dua lalaki tea. Ngajak sasalaman, terus
diuk. Teu lila langsung umplek ngobrol bari teu kendat diselang ku seuri.
Kuring ngaregot inuman. Sok nyokot buku catetan. Hasil wawancara jeung Yuni
teh gancang dicatet. Ngahaja tadi teu make perekam atawan dicatet, ambeh
lancar jeung ituna teu kagokeun.
"Euleuh, mani rajin. Bade ujian enjing?"
Gebeg. Yuni ujug-ujug geus nangtung gigireun.
Direret, tetela dua lalaki tadi geus euweuh. "Ning cepet pisan?"
"Pindah tongkrongan," tembal Yuni. "Itu bade pamit. Sigana moal tiasa
neraskeun wawancara tadi. Tos diantosan di hotel."
Kuring narik napas panjang. Naha saayana bae kitu bahan tulisan teh. Tapi,
minggu kamari, si bos teh geus gegerendeng majar tulisan kuring kurang dalam,
kuring reportase, kurang itu, kurang ieu. Ah, rumasa kamari teh sibuk ku
urusan di imah. Mitoha rek boga gawe jadi, liputan soal kasus putri pejabat
nu kapanggih mati over dosis di hotel teh teu bisa bener-bener mendalam.
"Punte we nya. Enjing deui panginten." Semu nu sadar kana kahandeueul kuring,
Yuni mere harepan.
Kuring unggeuk.
"Nya mangga atuh." Pokna. Leos we manehna ninggalkeun kafe.
Kuring oge nyelukan pelayan terus babayar.
***
"Ih si Papah meni bau roko." Di imah pamajikan gegerendeng. Manehna terus
ngabeuan baju nu karek diuculan. "Ti mana sih pa?"
"Ti kafe, liputan."
Teu papanjangan nanya. Geus apaleun kana seluk beluk pagawean kuring Lusi mah.
Da manehna oge kungsi jadi wartawan. Malah papanggih oge kapan basa pada-pada
ngaliput di lapangan.
"Aya masalah pah." Ceuk Lusi, basa kuring beres mandi tur geus nyanghareupan
cai teh haneut hareupeun tivi. Eta salah sahiji hal nu ku kuring mindeng
disukuran. Boga pamajikan teh kacida ngartina kana kacape deung karudet
salaki. Mun aya masalah, manehna mah pinter neangan waktu nu pas keur
nepikeunana.
"Masalah naon?"
"Soal perkawinan Evi."
"Saur bapa, cenah terancam batal."
"Har, naha kunaon?"
"Kanyahoan jajan."
Kuring kerung. "Maksudna?"
"Evi nangkep basah Toni keur jajan."
"Har pilakadar jajan, memang kunaon?"
"Ih ari si papah. Jajan nu kitu. Jajan lalaki maksudna teh."
Kuring hareugeueun. "Ka tempat pelancuran?"
"Sanes. Di tempat pijet."
"Terus apalna jajan kumaha?"
"Kapan tempat pijetna dirazia polisi. Toni jeung pasanganana kasampak keur
bulucun. Dua nana dibawa ka kantor pulisi."
Kuring olohok. "Iraha?"
"Tadi. Si Mamang Toha nu mawa bejana."
Mang Toha teh adina bapak mitoha kuring. Manehnana teh pulisi. Jadi mun
manehna nu mawa beja yen Toni katengke basah keur ngalakukan perbuatan
asusila, pasti benerna.
"Terus kumaha?"
"Evina terus ceurik. Hayoh ngerem maneh di kamar. Ibu oge sami, tapi bari
terus ngomong teus sudi boga minantu siga kitu."
***
"Lalaki mah otakna teh disetir ku birahi."
Kuring gogodeg. Yuni, nu poe ieu kukuring didatangan deui, tembong teu
tarima. "Itu fakta."
Kuring nyerengeh. Tadi teh gogodek lain teu panuju kana omonganana, tapi kaget
ku sikep jeung pamadeganana soal lalaki jeung kahirupan. Kaget nu saperti
kitu kaluar ti tangtungan awewe nu daek ngamurah-mareh harga dirina.
"Sigana eta teh fakta nu bias," kuring panasaran hayang neuleuman
pamadeganana. "Meureun Lusi boga pamadegan kitu lantaran salila ieu ukur
ngenal lalaki nu kararitu. Padahal kan teu kabeh. Masih loba lalaki nu boga
harga diri tur ngajungjung tinggi kasucian jeung kahormatan diri."
"Ah, dimana ayana lalaki siga kitu?" Tembalna bentes. "MUn aya oge, geus
dimusiumkeun. Nu loba mah lalaki nu ngadewakeun harta jeung kakawasaan. Terus
nganggap awewe ukur jadi perhiasan nu bisa dicopot sakadaekna. Nu nganggap
awewe lain beubeulahan jiwa, tapi ukur keur ngalengkepan kakayaan jeung
kakuasaan."
"Lantaran eta, Yuni milih jalan ieu?"
Manehna unggeuk tatag pisan. Kuring gogodeg deui.
"Tapi sabagean masyarakat nganggap hina ka awewe siga Yuni."
"Nya, mangga wae. Nu jelas mah tiga pagawean itu abdi tiasa boga sandang
pangan. Anak oge kasakolakeun."
"Gaduh putra kitu Yuni teh?"
"Dua," pokna. "Nu hiji kelas 6, nu hiji kelas 3."
"Arapaleun teu manehna kana pekerjaan Yuni?"
Ditanya kitu teh manehna teu langsung nembal. "Mudah-mudahan we moal."
"Ari caroge? Apaleun?"
Yuni unggeuk. "Dulu kerja di dieu, salah saurang juru masak."
Kuring olohok. Hubungan siga naon nu siga kitu? Lalaki mana nu rela
pamajikanana ngajual diri?
"Carita cinta nu menarik, sigana. Tos lami nikahna?"
"Sataun. Yuni antukna daek dipihukum lantaran manehna tembong tulus. Manehna
teu mandang hina ka Yuni. Ka barudak oge nyaaheun?"
"Caroge teh normal?" Kuring keukeuh panasaran.
Rada berubah beunget Yuni teh. "Nepi ka hiji titik, urang bakal sadar, urusan
ranjang lain hal terpenting dini hubungan suami-istri."
Jadi kitu. Lalakina kurang mampu berfungsi sebagai lalaki.
"Tapi tong salah, manehna kuat sebagai lalaki. Jantan," Yuni gancang
neruskeun. "Tapi hubungan antara kuring jeung manehna geus leuwih ti fisik.
Jauh leuwih ti fisik."
Kuring ngahuleng. Hubungan nu ngaleuwihan tina urusan fisik? Asa teu kabayang
siga kumaha.
Wawancara teh masih lumangsung panjang, sanajan sababaraha kali kapegat ku
tugas Yuni ngalayanan tamu.
Basa kuring pamitan, peuting geus meh janari.
Manehna maledog ku imut. "Upami masih keneh kirang, urang tepang di tempat
pribadi atuh."
Kuring ukur seuri mawur. "Dimana? Di hotel?"
"Mangga di hotel oge."
"Hanjakal wartawan itu mah tongpes. Kantong kempes." Kuring ngajawab bari
ngahaja nyekel pesak.
"Wios teu kedah mayar. Etang-etang bonus wawancara," pokna.
Kuring ngeureuceum. Beu, tawaran nu kacida narikna.
"Kumaha kersa? Iraha?" Kitu na teh bari imut manis. Paneuteupna berubah jadi
lautan madu.
"Ke upami waktosna pas," pokte bari ngaleos. Dina pikiran bet kabayang imut
Lusi nu liuh. Wani kitu kuring ngahianatan pamajikan nu sakitu baktina?(*)

Carita Sodik nu Marudah

"Bade mampir heula, Pa?" Enok nanya bari imut.
Sodik semu asa-asa. Ret kana arloji. Geus jam 10.00 malem. Mun nyimpang pasti
pogot, jadi moal cukup sajam. Tangtu bakal telat deui datang ka imah. Padahal
kamari Dini, pamajikanan, geus ngancam: mun balik telat deui rek menta ka
bapa supaya jabatan direktur teh dibikeun bae ka batur.
"Moal sigana mah, Nok, geus peuting teuing," antukna Sodik ngajawab. Enok
unggeuk baru imut.
Leos we Sodik mulang. Tapi sabenerna asa hanjakal teu narima tawaran
sekertarina teh. Kabayang saminggu katukang, basa manehna nyimpang, Enok teh
bener-bener bebeakan. Lain bae dahareun, malah dirina oge diserahkeun
sagemblengna.
Kanikmatan nu karasa ku manehna, taya bandinganana. Mun dibandingkeun jeung
Dini, Enok teh bidadari anu sampurna: kulit bodas beresih, awak ngeusi lir
gitar Spanyol, sikepna oge amis lir madu. Sedeng Dini geus gendut teh mindeng
pisan camberut. Pok-pokanana mindeng kasar. Tapi, Sodik teu bisa majar
kumaha. Manehna teu bisa ngalawan Dini. Da puguh sagala harta banda jeung
kalungguhan ayeuna teh sasatna beunang pamere ti bapana Dini.
Cieet....! Sodik kaget. Mobilna ampir nyenggol boks nu datang ti hareupeun.
"Nyupir make mata, goblog!"Supir mobil boks nyentak. Terus ngadius deui.
Sodik sakedapan nyisi. Hatena ratug tutunggulan. Meh bae. Gara-gara pikiran
ngulayaban ka ditu ka dieu.
Barang kajadian eta dicaritakeun, Dini kalah nyalahkeun manehna. "Ceuk mamah
oge balikna tong peuting-peuting atuh pah. Sing ati-ati ari nyetir, panonna
ulah nempoan wae nu geulis di sisi jalan."
Sodik teu hayang ngalayanan. Kolesed we ka kamar. Blug meubeutkeun maneh.
Tapi Dini nuturkeun. "Aduh papah, maenya can mandi can salin langsung sare.
Bau jeung gateul engke. Kaditu mandi heula. Hoream mamah mah sare bareng
salaki bau."
Sodik geus hanyang sapok-pokeun ngajawab: Papah oge hoream sare jeung karung
beas gendut, nu cerewed, nu haseum budi. Tapi teu pok, kalah sup ka kamar
mandi. Cor cai haneut kana bath tub, terus ngeueum maneh salila-lila.
Ari pipikirinana malah cus-cos kaditu kadieu sabot ngeueum teh. Inget ka
mangsa lulus kuliah baheula. Manehna kudu milih: tetep jeung Romlah nu geulis
tur bageur atawa jeung Dini nu bapana beurat beunghar?
Lantaran kapeurih hirup samemehna, Sodik antukan milih Dini. Salila ieu,
katugenah nu kalaman dianggap bagean tina pengorbanan anu kudu dijalanan ku
manehna supaya bisa hirup senang ku dunya barana. Tapi sanggeus manehna prok
jeung Enok, pangorbanan teh asa karasa beuratna.
Enok nu geulis lir ngahadirkeun deui kalangkang Romlah, cinta munggaran anu
kapegat di tengah jalan. Enok nu lindeuk bener-bener mampu mere jawaban kana
sagala kateupuasan manehna salila ngahiji jeung dini. Enok jadi jawaban
sagala persoalan ranjang nu salila ieu ngabeubeurat manehna.
Dini memang sempat jadi pasangan nu mampu mere kaseneng di jero kamar. Tapi
ukur tilu bulan. Kadieunakeun manehna lir nganggap ngalayanan salaki teh ukur
jadi kawajiban nu teu kudu dinikmati. Antukan hubungan suami-istri teh karasa
hambar, taya variasi.
Enok justru sabalikna. Manehna lir kotak kosong nu bisa dieusi barang naon
bae. Enok salawasna ngarespon sagala ide anyar ti manehnana, termasuk nu
paling liar. Manehna daek dikumaha jeung dititah ngumaha. Kituna teh bari
tembong milu ngarasakeun nikmatna eta hubungan.
Rahuh, teu sadar Sodik ngarahuh. Cai dina bath tub mimiti tiis. Menehna
hanjat, terus ngarawel anduk.
Dina kasur, kasampak Dini geus tibra. Kerekna na alon tur berirama.
Sanggeus make baju, leos Sodik ka daput. Asa hayang ngopi. Baheula basa masih
kuliah, jam sakieu teh manehna mindeng ngopi, supaya panon kuat diajak
molototan lembaran buku.
Di dapur suwung. "Heni! Heni!" Sodik gegeroan.
Nu digeroan tuturubun datang. Bari gigisik. Sigana geus sare.
"Eh, bapak. Bade ngersakuen naon, Pa?"
"Oang nyieunkeun kopi. Tong amis teuing."
Heni unggeuk, terus muru ka lebah kompor.
"Menang euweuh cai termos?" Nempo Heni ngahirupkeun kompor Sodik langsung
nanya.
"Teu aya pa. Seep. Tadi pan seueur tamu, pada ngaropi."
"Tamu? Tamu saha?"
"Rerencangan ibu."
"Ibu-ibu arisan? Naha ngararopi?"
"Sanes Pa. Pameget sadaya. Opat urang. Garendut sadayana."
"Hah? Garendut?"
"Muhun, sapertos ibu." Sigana langsung sadar yen caritaanana salah, Heni
langsung nutupan baham ku leungeunna. "Aduh, punten Pa. Punten."
"Teu nanaon."
Heni terus sibuk nyiapkeun cikopi. Sodik ngadagoan bari diuk dina kursi makan.
Teu sadar, panonna nitenan Heni. Pembantu nu ieu teh karek 6 bulan digawe.
Randa ti Kampung Lisung. Dibawa ku Mang Ubed, supir nu kiwari geus dipecat
lantaran sering ngakalan biaya bengkel.
Teu geulis, tapi oge teu goreng. Tapi mun ditempo ti tukang, degdegannana
jelas leuwih narik tibatan Dini. Tuh tempo, bujurna ngeusi. Cangkengna oge
ngabentuk.
Teu pupuguh, napsu Sodik ujug-ujug kahudang. Kabayang adegan di imah kontrakan
Enok, basa ngalakukeun hubungan di dapur. Harita teh enok ngadon masak
indomie baru ukur make anduk. Najan can lila reureuh sabada ngabedahkeun
birahi di kamar, Sodik bet kahudang deui. Langsung wae nubruk Enok.
Ditangkeup titukang, terus digulang-gaper. Napsu bedah, indomie oge tutung.
Rahuh, Sodik ngarahuh deui. Manehna menerkeun posisi diukna, lantaran karasa
calanana jadi nyeregan.
"Geus sabaraha lila maneh ngaranda?"
Ditanya kitu teh, Heni malah rungah-ringeuh. Kaget meureun da pertanyaan teh
teu puguh hulu buntutna.
"Geus lila nyah?"
Heni ngareret. "Tos tilu taun." pokna bari terus deui nitenan cai na panci nu
mimiti ngagolak.
"Teu kesepaian?"
Ngareret deui. Terus godeg. Tapi godegna laun pisan.
Sanggeus kita Heni teh semua samar polah. Manehna lir sadar, pamencrong Sodik
teu sadetik oge leupas tina dirina.
Basa nunda cangkir kopi hareupeun dununganan, leungeuna semua ngadedeg. Sodik
terus mencrong.
"Peryogi naon deui?" tanya Heni bari ngeluk.
"Sok diuk, baturan ngobrol." Sodik nunjuk korsi hareupeunana. Heni tanggah,
tapi buru-buru tungkul deui.
"Har, kalah cicing bae. Diuk," Sodik marentah deui. "Naha make sieun. Memang
sieun dikumaha? Sieun dirontok?"
Dikitukeun teh Heni langsung diuk. Tapi tetep ngeluk.
Paguneman di dapur teh lumangsung kaku. Sodik nanya, Heni ukur ngajawab
sakecap dua kecap.
"Kunaon make pepegatan?"
"Teu cocok."
"Har, teu cocok make kawin atuh."
"Da dijodokeun."
"Jadi tahan sabaraha lila rumah tangga teh?"
"Tilu sasih."
"Har? Naha?"
Heni cicing.
"Sok nyiksa?"
Gideug.
"Kunaon atuh?"
"Teu..tiasa nganapkahan."
"O, teu boga gawe?"
Heni gideug deui.
"Terus?"
"Teu tiasa nganapkahan batin."
Sodik kerung. "Maksudna?"
"Muhun kitu. Da ituna oge resep ka sajenis."
Sodik beuki kerung. "Resep ka sajenis?"
Heni unggeuk. Tapi bari tetep tungkul.
"Homo?"
Unggeuk deui.
"Har atuh maneh masih parawan nyah?"
Heni langsung euceuy beungeutna. Manehna beuki ngeluk bari leungeunna terus
ngulinkeun tungtung baju.
Sodik gogodeg. Asa teu percaya. Panonna terus mencrong Heni. Randa tapi masih
parawan. Kalimat eta terus minuhan pikirinana. Asa nimu hal anyar, asa nimu
kasempetan. Tapi manhena gancang gogodeg. Nyieuhkeun pikiran kotor anu karasa
hese pisan diusirna.
"Sabarah taun umur maneh teh?"
"24."
Euleuh keur sedeng mekar-mekarna mun kembang mah. Setan teh bet terus ngajak
pikiran Sodik ngabayangkeun nu hanteu-hanteu.
Bari ngobrol teh kopi geus tandes. Katunduh asa ngajauhan.
"Maneh bisa mencetan teu?"
Tanggah sakuedeung, terus unggeuk.
"Daek mencetan bapak?"
"Mangga."
"Yu atuh." Sodik cengkat. Terus muru ka kamar tukang.
Heni kerung. "Dipencetannana dimana, Pa?"
"Di kamar maneh." Sodik nembal baru bus ka kamar pembantuna. Heni bari semu
bingung teu burung nuturkeun.
"Tapi, Pa, engke ibu bendu."
"Ah, naha make ambek. Kan ukur dipencetan. Memangna urang rek ngalakukeun
naon?"
Heni tembong tambah bingung. Sodik langsung ngedeng nangkuban dina kasur
heureut nu aya di kamar eta.
"Urang gentos atus seprena pa, bilih bau."
"Ah teu kudu. Sok we pencetan." Sodik nembal baru tetep nangkuban.
Heni ngadeukeutan. Sok lenguena kana bitis dununganana, mimiti mencetan. Tapi
tembong semu ngadegdeg dua leungeuna teh.
Sodik ngararasakeun nikmatna dipencetan baru pikiranan ngabayang-bayang
kemungkinan nu bakal terjadi. Ari Heni terus mencetan bari hate tagiwur.
Teuing bakal kumaha lalakon di kamar eta saterusna.(*)

Jumat, 03 Juni 2011

Basa Pamajikan Hayang Beunghar

Kamar seungit nyambuang. Kembang dimana-mana. Dina ranjang, dina tembok, dina
meja.
"Sok naek kana kasur. Sila."
Ki Ohim nepak. Kuring nurut.
"Puseurkeun pikiran. Bayangkeun siga kumaha wanoja impian anjeun."
Kuring teu baha.
"Sok sing husu. Aki nungguan di luar."
Kadenge sora lengka Abah ninggalkeun kamar. Panto ditutup.
Pikiran kuring muser. Tapi bau menyan ngaganggu pisan.
***
"Kang! Kang!"
Panon dibuka. Breh teh....Luna Maya.
bener Ki Ohim teh. Nu hadir teh tetala persis sarue jeung dipikirkeun ku
kuring.
Persis teu dipiceun sasieur. Irung mancungna, halis hideungna, buuk panjangna,
kulit bodas beresihna. Persis kabeh.
"Ih, akang mah, naha ningalina mani siga kitu."
Manehna ngadilak. Serrr, hati kuring nyeredet.
"Dupi eneng saha?"
"Har, kapan abdi nu tadi disaur ku akang."
"Namina saha?"
"Lina."
"Oh, sanes luna?"
"Ih, upama engkang hoyongna kitu mah mangga. Nami abdi ayeuna mah Luna."
Kuring nuereuy ciduh. Manehna ngajak ngobrol teh bari diuk gigireun ranjang.
Karek sidik, baju nu dipakena ipis pisan. Jeung jeroeun baju teh taya deui nu
nutupan.
Siga nu sadar kana panempo kuring, manehna kalah terus ngusap-ngusap pingpina.
Eulueuh, kuring neureuy ciduh deui.
***
"Kumaha, Jang? Hasil?"
Kuring ukur unggeuk.
"Sesuai jeung kahayang?"
Kuring unggeuk deui.
"Sok atuh tinggal ditedunan saratna. Manehna bakal kapimilik."
Kuring teu lemek. Beurat tuda saratna teh. Tapi, sidik widadarina geus
nyanding.
"Kumaha jang, siap teu?"
Kuring neuteup Ki Ohim. Asa bararingung.
"Daripada saumur-umur miskin terus."
Enya sih, kitu na mah. Tapi pengorbananana asa beurat pisan.
***
Datang ka imah teh langsung disambut Romlah, pamajikan.
"Kumaha, Kang? Sukses?"
Kuring gogodek bari meubeutkeun maneh kana korsi.
"Aya sih jalan mah. Cek kuncenna mah ukur butuh tilu bulan, langsung bisa
lubak-libuk."
"Beu, asik atuh."
"Enya. Ngan saratna beurat pisan."
"Lah sabuerat naoh sih. Urang lakonan bae."
Kuring mencrong manehna. Nya pamajikan kuring pisan nu terus ngajujurung
kuring supaya ngadatangan Gunung Kaliki teh.
"Nya terserah atuh ari Romlah siap mah."
"Enya lah siap. Nu penting mah bisa ngarasaan beunghar. Bisa ngarasaan dahar
ngeunah unggal poe. Pake hade. Naek turun mobil. Imah sigrong."
***
Bener tilu bulan teh langsung tinekanan. Kuring meunang lotre samiliar.
Salelembur geunjelueng. Si Asep tukang patri ngadadak beunghar. Pamajikan
kuring unggal poe teu leupas ti imut jeung seuri. Taya tapak-tapakna sipat
judes jeung kucemna nu baheula. Padahal haritan mah sirikna unggal poe kuring
digelendeng supaya digawe leubih giat. Supaya neangan pagawean lain nu leuwih
mere hasil mucekil.
***
Malem jumaah kaliwon. Kuring geus ngaria kamar tukang. Dialus-alus
dikembangan, cara dua jumaah kaliwon samemehna.
Tapi ayeuna mah bakal beda.
"Nyi geus datang mangsana."
"Naon tea?"
"Jungjungan urang hanyang tepung jeung nyai cenah."
"Nya hayu atuh."
"Jung mandi heula ku cai kembang."
Teu kaleked manehna langsung nurut.
Basa duaan geus dikamar, pamajikan teh titah muka baju. Bubulucun manehna sare
na kasur nu pinuh ku kembang.
Ari kuring langsung semedi. Ngahiyap Luna, si Jungjunan.
Teu kudu lila manehna jebul. Persis cara mimiti papanggih, oge dua jumaah
samemehna.
Nempo pamajikan kuring teh manhena langsung imut manis pisan.
"Geus siap nyah?"
"Parantos," tembal teh bari hormat.
"Maneh nyai? Geus siap?"
Pamajikan nu tetep ngaggoler unggeuk. Luna terus ngadeukeutan. Irungna
dideukuetkeun kana kulit pamajikan. Kabeh awakna diciuman. Barang nepi kana
embun-embun, manehna ngareret ka kuring. Siga menta persetujuan. Kuring ukur
unggeuk.
Beungeut Luna nu tadina geulis ngadadak barobah. Jadi beungeut oray raksasa.
Sihung rangeteng. Langsung muka bahamna, belewek pamajikan nu keur nangkarak
teh diteureuy. Kuring gura-giru peureum.(*)

Kembang Wisma

Diilik-ilik, disidik-sidik. Asa enya. Mirip pisan. Tapi piraku.
"Aya nu cocok Pa?"
Budak ngora nu tadi nanya bari nyerengeh.
Kuring nunjuk. "Itu saha ngarana?"
"Nu mana? Nu di tengah?"
"Itu, nu pake rok kayas."
"Oh, eta. Yayah ti Garut."
Har geuning yayah? Lain Heni? Garut deuih lain Sumedang.
Tapi ah, asa moal nyalahan. Sidik manehna Heni. Karang lebah irungna pan beda
tinu sejen.
"Bade sareng eta, Pa?"
Basa kuring unggeuk manehna terus ngajak asup. Kuring dibawa ka kamar di
bagean tukang wisma.
"Ke antosan urang panggil Yayahna." Si budak ngora indit baru nutupkeun panto.
Yayah atawa Heni? Bari meubeutkeun maneh kana kasur kajadian tukang teh
ngolebat dina ingetan.
Heni teh banteng kampung. Jadi rebutan nonoman. Kuring oge milu aub. Kuring
boga keunggulan tibatan para pesaing teh. Bapana Heni, Badri, masih boga
hutang ka kuring. Basa lahlahan Heni dipenta, Badri teu walakaya. Waktu
rapalan langsung ditangtukeun.
Tapi dina poena kuring bet kaeraan. Heni kabur. Jeung Si Darmawan, tukang ojeg
ti kampung tatangga. Tiharita pleng taya bejana.
Ayeuna, lima taun kaliwat, bet nyampak didieu. Tapi asa kagambar jalanna.
Meureun si daramwan teh teu tanggung jawab. Atawan bisa jadi manehna nu
ngahucuhkeun Heni supaya tigebrus kana tempat maksiat siga kieu.
"Wengi, Pa. Tos lami ngantosan."
Kuring ngarenjag. Wanoja nu tadi ditunjuk teh asup. Langsung nunda anduk dina
meja leutik di pojok kamar. Kuring mencrongkuen manehna. Naha manehna
pangling kitu? Tadi basa asup teh da panueteup paamprok. Tapi manehna
apilain. Taya sari-sati kenal.
"Geus lila didieu Hen?"
Manehna tembong ngaranjuk. Malik terus mencrong kuring.
"Eu..Pa...Pa...Ganjar?"
Sidik bener Heni.
"Na..naha bapak aya di dieu?"
"Har, pertanyaan teh tibalik. Naha Heni aya dideu?"
Manehna ngabalieur. Renya-renyu, terus nyegruk ceurik.
Kuring ukur cicing baru nempokeun.
Na jero hate aya rasa puas. Kanyeri dikaburkeun ku manehna asa kaubaran.
Tapi, asa leuwih puas mun kuring bisa males nganyenyeri, ngahinakeun manehna.
"Naha kalah ceurik. Kami mah kadieu teh rek senang-senang, lain rek lalajo nu
ceurik."
Di kitukeun teh manehna siga sadar. Ceurikna eureun. Sok kana anduk, terus
nyusudan cimatana.
"Mangga atuh..abdi tos siap..." pokna bari nunda anduk. Paneuteupna terus
ngahindar pamencrong kuring.
"Sapeo sabaraha lalaki nu dilayanan?"
Ditanya kitu teh kalah ngeluk.
"Si Darmawan kamana?"
Tetep teu nembal. Kuring teu maksa.
"Sok atuh dilaan."
Bari tetep tungkul manehna nurut. Leungeunna nguculan pakean.
Tetela masih tembong ngeusi jeung bodas beresih.
Peuting eta, rasa kuciwa jeung kanyeri kuring budal. Manehna sababaraha kali
ngejerit kanyenyerian ku perlakuan kuring. Sabodo teuing.(*)