Selasa, 31 Mei 2011

Sanggeus Neni Nembal Alim

"Alim." Kitu na teh bari godeg.
Beg. Jajantung asa ragrag. Beungeut asa euweuh getihan. Teu sangka rek meunang
jawaban kita. Kapan salila ieu manehna teh kacida lindeukna.
"Kanoan kitu Neni alim ka bapa?"
"Sieun."
"Sieun kunaon?"
"Sieun diontrog ibu."
Kuring ngaheneng. Manehna tungkul. Harita teh kuring jeung manehna keur
ngiuhan dina emper toko, tas balanja ti pasar Harmoni.
Neni teh pagawe kuring di restoran. Geulis, karek 20 taunan. Parigel kana
gawena: bisa masak, pinter manajemen. Pangna oge sagala tugas toh srog
kamanehna: masak, jadi kasir, pancen balanja.
Amir sataun manehna gawe. Lantaran papanggih unggal poe antukna jadi kacida
deukeutna.
Salila ieu manehna oge siga nu merean. Disindiran, ngabales. Leungeunna
diusap-usap, ari taya batur mah tara ieuh nolak. Malah dua minggu kamari,
manehna sadrah bae basa kukuring dicium teh.
Pangna oge tadi teh lah-lahan ngajak ngahiji. Tetela manehna nolak.
Ditempo manehna keur tungkul. Gap leungeunna ditewak. Manehna ngareret, tapi
sama sakali teu nolak.
"Bapa mah tos teu kuat da hoyong ngamilik Neni sagemblengna. Memang Neni teu
ngaraos?"
Manehna teu ngajawab.
"Nen?"
"Da asa teu siap mental Neni mah. Teu kabayang kedah kumaha ngawartosan ka ibu
rama. Padahal maranehna tos teranguen yang bapa teh tos gaduh istri."
Kuring ngarahuh. Asa aya di jalan buntu. Ka Endah, pamajikan kuring ayeuna,
kuring tetep nyaah. Asa moal tega kudu megatkeun. Komo deu geus aya Yayan
jeung Deni, buah cinta rumah tangga salila 15 taun.
Tapi kuring ngarasa nimu cinta nu sabenerna dini diri Neni. Asa moal kuat mun
kudu papisah. Da cacak mun manehna ijin sapoe ge karasa asa nu kosong jeroeun
diri teh.
"Da bapa mah moal kuat upami kedah kahilangan Nani mah." Kuring humandeuar.
Neni unggeuk. "Neni oge sami."
"Terus urang kedah kumaha?"
Sakdepan manehna ngabetem. Tapi terus nembal. "Urang kumpul tanpa iketan wae
atauh Pa."
Kuring kaget. "Maksudna?"
"Neni mah teu siap mental upami urang kedah nikah mah. Tapi dina ati mah Neni
siap pisan jadi istri Bapa. Neni siap nyerahkeun diri Neni ka Bapa."
Kuring kaget. Dipencerong teh manehna males bari pinuh ku kayakin.
"Teu sieun hamil kitu?"
"Ah, urang akalan we. Kan ayeuna mah seueur carana."
Kuring rada olohok. Asa teu percaya. Tapi memang jalan nu disebut kumanehna
teh nu paling masuk akal keur kuring duaan.
Dua poe kaliwat. Kuring jeung Neni ngadon balanja. Tapi berangkatna leuwih
cepet ti biasa. Geus janjian rek nyimpang heula ka losmen.
Basa geus aya dijero kamar losmen, manehna ngadadak taya sorana. Ukur ngeluk
we dina sisi kasur. Kukuring dideukeutan. Sok buukna diusapan. Manhena
langsung nangkeup awak kuring pageuh pisan. Leungeun kuring ngarampa
beungeutna, terus diangkat. Panon paamprok. Lalaunan kuring tungkul. Pel
biwir kuring kana biwirna. Karasa semu ngadegdeg biwirna teh. Haneut.
Kuring teu sempat cengkat deui. Tina biwirna biwir kuring langsung ngatapyak
kamana-mana. Leungeun silih usap. Napas pada-pada ngahegak. Birahi muncak.(*)

Senin, 30 Mei 2011

Umi nu Bakti

Naha salah mun hate neangan pangbeberah. Bongan nu jadi pamajikan api lain. Mindeng bangkenu remen jubrad jabreud. Bongan manehna ukur nganggap urusan ranjang ngan sakadar kawajiban nu kudu buru2 direngsekeun. Taya hasrat nyenangkeun salaki komo deu ngalayanan ekplorasi.
Meureun salah kayaan oge. Basa dibangbaluhan kuciwa nu beuki ngabeuratan, Umi justru hadir mere katengtreman. Manehna ukur pembantu, tapi rengkak polahna estu bisa ngurangan kakuciwaan dirina. Sarengkak saparipolah the teu leupas ti imut jeung kaberag. Tara pisan kadenge ngangluh. Estu 180 derajat dibandingkeun pamajikanana.
Jadi naha salah mun dina hiji poe manehna lah-lahan nembak Umi.
"Mi daek teu dipihukum ku bapa?"
Dikitukeun the Umi semu kaget kacida. Semu asa, siga ragu-ragu, manehna ahirna nolak. "Alim nganyenyeri ibu," pokna alon.
"Tapi berarti Umi nganyenyeri bapa." Ukur tungkul.
Tapi isukna manehna tetep berag. Tetep segut digawena. Taya tapak-tapak karempan atawa kabingung. Ngan tembong manehna rada ngajauhan mun tinggal duaan di imah.
Tapi ari soal perhatiana mah teu kurang. Mun pasosore maneh diuk di teras teu kudu dipenta golosor we cangkir kopi jeung gorengan. Perhatian kitu the beuki karasa copn kana hatena basa pamajikanan ti poe ka poe beuki apilain.
Basa hiji poe manehna ijin teu ngantor lantaran awakna muriang, Umi talaten pisan ngawulaan. "Bade dipijet Pa?"
Manehna sakedapan mencrong. "Moal nanaon kitu?"
Umi ngabalieur. Tapi nembalan, "moal panginten."
"Naha panginten?"
Ngabetem.
"Mun keur mencetan terus dirontok kumaha?"
Ngabetem keneh.
Sakedapan paheneng2. Ukur kadenge obahna jarum jam dina tembok kamar.
"Har kalah ngajanteng. Cenah rek mencetan?"
Teu kalaked Umi ngadeukeutan manehna nu keur nangkarak. Gap kanasukuna terus dipencetan. Kitu na the bari tungkul ngahindar pamencrongna.(*)

Powered by Telkomsel BlackBerry®

Sari

!m
Juha neureu ciduh. Romlah ngageboy kajero imah. Geol bujur si pembantu teh
ngadatangkan hawa panas jeroeun dirina.
"Hayoh, kalah olohok. Mana esna Kang?"
Euh. Sari camberut gigireun dorongan es. Gura-giru Juha ngalayanan es goyobod
pesenanana.
"Dasar lalaki, ari ningal nu demplon langsung we ngelay," Sari kukulutus.
Juha teu ngalayanan. Sieun kapapanjangan.
"Memang mata keranjang kabeh lalaki mah." bari nampanan gelas teh Sari tetap
nyanyi.
Juha tetep betem.
"Cara si Gagan nurus tunjung tuh, cenah mah cinta satengah mati. Ari geus
seubeuh ngasaan mamanis mah ngadon hayoh ngahelaran randa ngora."
Juha api-api sibuk ngaberesan gelas.
"Basa tas ngasaan mah cenah kami teh pang munelna. Tapi sanggeus panggih jeung
nu leuwih singset langsung poho."
"Diet atuh geura neng."
"Ah sararangeuk teuing. Da kami mah lintuh oge lintuh nguesi. Tetep seksi."
Juha molohok nempo Sari ngadon muter siga peragawati di luhur panggung. Seksi?
Manhen neureuy ciduh. Nu aya mah siga dreum. Awak buleud taya pisan
ngabentukna.
"Bener teu seksi?"
Gura-giru Juha unggeuk.
Nempo kitu teh Sari langsung marahmay. "Tetela teu kabeh lalaki lolong. Masih
aya nu sadar kana kaendahan alam."
"Enya lah endah, lamun ditempo tina sedotan atawa ti monas mah."
Sari jamedud deui. "Euh ngahina pisan. Kieu-kieu oge rasana mah pedo."
"Ah, saha nu percaya."
"Nya tinggal buktikeun."
"Hayu!"
"Sok, iraha?"
Nu tadina ukur heuheureuyan teh jadi katerusan. Peutingnya Juha ngadon
rerencepan ka tukangeun imah Pa Asep, tempat gawena Sari. Nu dianjangan geus
sadia. Manehna muka jandela terus ngajak Juha naek ka kamarna.
Di jero kamar reyem-reyem. Sari geus make baju sare. Juha ngadegdeg. Hawa
panas kahudang deui jeroeun dirina.(*)

Minggu, 29 Mei 2011

Bos Impian

!m

Neni gulinggasahan. Magrib geus kaliwat. Pagawean masih numpuk. Pesen bis
tadi, kudu rengse peuting ieu lantara isuk rek di presentasikeun ka peninjau
ti kantor pusat.
Aduh, gara-gara Sri gering antukna manehna nu katempuhan. Tugas duaan, kudu
digarap sorangan. Geus tilu poe kapaksa manehna balik saluhureun jam 9
peuting. Bari kituna teh tugasna can oge anggeus.
"Bu Neni."
Gebeg. Tetela Nenden, seketaris Pa Jumadi, bos manehna.
"Saur bapa upami tos janten laporanna supados dipasrahkeun ka ruangan bapa."
Neni unggeuk. Nenden terus ngaleos balik bari teu poho ngabaledok ke imut.
Neni gura-giru ngahanca pagaweanana. Tetela ari dileukeunan mah teu burung
lekasan.
Pagawean teh terus dibawa ka kantor Pa Jumadi.
"Beres?"
Pa Jumadi nyambut ku imut.
Neni gura-giru tungkul. Teuing kunaon, hate tetap nyeblak nempo imut si bos
teh. Ta saprak mimiti panggih kituna teh. "Parantos, Pa," pokna bari sok
nunda map nu dibawana dina meja.
Pa Jumadi ngarongkong map eta. Sabada nitenan sababaha lembar, terus
unggut-unggutan. Nyeh imut baru neuteup Neni. "Sae padamelan teh."
Teuing kunaon, beungeut Neni asa karasa panas. Manehna ukur bisa unggeuk bari
gura-giru tungkul.
"Tos makan malam teu acan?"
Neni kaget. Naha maka nanya dahar sagala. Tapi gura-giru godeg.
"Kersa ngarencangan tuang di luar?"
Beu. Neni asa samar polah. Tapi teuing kunaon bet langsung unggeuk.
Sajajalan teh hatena terus degdegan. Ngabalesan obrolan Pa Jumadi ukur ka
kalimat-kalimat pondok. Padahal mindeng pisan manehna ngabayang-bayang
kajadian siga kitu. Enya jalan bareng, dahar bareng, jeung Pa Jumadi.
Tuda idaman para wanoja boga bos teh. Dedeg sampe rupa hade. Nembrak sagalana
manehna mah. Kakayaan nya tong ditanya, kapan salian jadi kepala cabang teh
manehna oge boga binis sejen. Perusahaan pemborong bejana mah.
Ngan hiji kakuranganna teh, manehna geus aya nu boga. Pamajikanna nu geulis
campernik geus mere dua buah hate nu lalucu.
"Tapi da rela jadi nu ngora ge ari sareng Pa Jumadi mah." Neni nyerengah
sorangan ari inget kana goyunan Sri basa ngomongkeun bos teh.
"Leres kitu?"
Gebeg. Pa Jumadi keur mencrong manehna. Nanya soal naon nya si bos teh? Neni
hareugeungeun.
"Eu..eu.. naon tea nya?"
Pa Jumadi mencrong bari seuri. Neni beuki samar polah.
"Naha kalah ngalamun? Kapaksa kitu kersa nyarengan teh?"
Neni gura-giru digeug. "Ah, henteu. Mung inggis kauninga ku ibu bae."
"Har..naon hubungananna jeung ibu? Kan urang mah teu nanaon ukur makan
bersama."
Beungeut Neni karasa asa kabeuleum. Asana hayang sup we mubuy kana taneuh.
"Atanapi Neni gaduh recana langkung ti kitu?"
Beu, Neni asa kabentar gelap. "Ah, teu wantun," pokna laun.
"Teu wani atawa teu aya hasrat?"
Euleuh pa bos bet jadi kieu. Neni ngabetem. Basa leungeun Pa Jumadi ngewat
leungeunna, asa taya tanaga keur nolak. Nya jadi we ngalengkah teh dituntun
si bos.
Nu majar ngajak dahat bareng teh tetela blus ka tempat karaoke. Neni kaget
tapi teu nolak. Di jero kamar karaoke, kasadaranana lir hilang. Manehna lebuh
dina impian endah nu geus lila kabayang-bayang, palid dina lautan asmara nu
rongkah jadi bah.
Manehna geus robah jadi tantungan nu pinuh ku napsu. Basa Pa Jumadi ngajak
kaluar, terus nyimpang ka kamar hotel manehna lir munding nu lindeuk, taya
hasrat keur nolak.
Basa birahi geus bedah, Neni jeung Pa Jumadi pada-pada nangkarak dina kasur.
Paneuteup pada-pada manco kana lalangit.
Rahuh Neni ngarahuh. Lebah congo pingpingna karasa nyeri. Basa dirampa, dina
leungeun teh aya getuh. Pa Jumadi oge sarua nempo eta getih. Manehna ukur
nyerengeh baru ngusapan buuk neni. Teuing kawawa cimata Neni bet bedah. Duka
cimata sedih atawa bagja.(*)

Asmara Saliwatan

Naon nu jadi pertimbangan utama para wanoja basa nyerahkeun diri ka lalaki?
Sugeng weleh teu ngarti. Sebagai personil bend terkenal, rasa panghargaan
manehna ka para wanoja teh justru terus ngipisan ti poe ka poe.
Unggal waktu manehne merengeh: awewe merul ngamurah-mareh kahormatanana.
Paheula-heula hayang bisa bereng jeung Darma, vokalis Bend Klise. Ka diri
manehna, nu kapancen jadi tukang nabeuh drum, oge teu kurang-kurang awewe nu
pasrah sumerah. Dikukumaha oge daek.
Baheula mah asa nimu surga. Kiwari geus sarwa biasa. Asa bosen malah. Manhena
kabita ku batur nu bisa ngabeungkeut maneh dina iketan rumah tangga anu suci:
saling bisa ngaja kahormatan, saling ngajaga perasaan.
Tilu kali manehna kungsi rumah tangga, tilu kali oge gagal. Ituna nu teu kuat
timburu, atawa dirina nu teu puas.
Kiwari, manehna sarwa bebas. Hayang awewe siga kumaha, tinggal nunjuk. Hayang
dilayanan siga kumaha, tinggal menta. Tapi jeroeun hatena karasa aya nu
kosong. Hampa.
Manehna sadar, sakabeh hubungan saliwawtan jueng para wanoja penggemarna teh
ngan ukur pupulasan. Taya rasa cinta, taya kaendahan. Ukur napsu.
"Kang, kalah ngalamun..."
Sugeng ngagebeg. Hareupeunana nyampak benguet widadari.
Saha nya ngaranna? Noni, Sri, atawa Evi. Ah, paduli. Taya bedana. Manehna ukur
ABG liannya nu geus ngarasa agul ngasaan sare jeung anggota bend idolana.
Sugeng langsung nangkeup awak lenjang, bodas-beresih, nu geus teu katutup
nanaon. Papuket, napas ngahegak, napsu ngaberung.(*)